Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/61

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej ponggawa Koeda Gandar dangdan sakoemaha noe dek madjoe pĕrang. Barang det paädoe hareupan, dĕr pĕrang pakĕntroeng baloeng. Ting djarĕkek sora noe ngadek, ting bĕlĕdog sora bedog; bak, beuk sora pameupeuh. Golojoh Ratoe Singa Tadji Wangsa eleh koe ponggawa Koeda Gandar, datang ka paeh.

Sanggeusna kitoe matoer adina Koeda Gandar ka Koeda Gandar: „Owah, girang kaka, geura hariroepan deui eta lalajon anoe pĕrang, oelah sina ting galoler kitoe, karoenja.”

Toeloej eta sakabeh lalajon koe Koeda Gandar dikoempoelkeun; beunang ngoempoelkeun, toeloej dikoelilingan toedjoeh kali bari didjampe. Teu lila koredjat haroedang, hariroep deui.

Barang geus kitoe Praboe Soetra Mantri dipariksa koe Koeda Gandar, pokna: „Owah, girang adi, koemaha lamoen ditikahkeun ka doeloer girang kaka njai Ringgit Sari, daek atawa hĕnteu?”

Djawabna Praboe Soetra Mantri: „Owah, girang kaka, ngiring toewang pikĕrsaeun.”

Toeloej angkat karija, rame nikahkeun njai Rnggit Sari djeung Praboe Soetra Mantri, meunang toedjoeh poë toedjoeh peuting.

Ari tatanggapanana goöng salawe bangoenan, angkloeng salawe tatapan. Ting kĕtjĕmploeng sora tjaloeng, ting bĕlĕdoeg sora bĕdoeg; ngagoeroeh di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang bawaning rame karija.

Barang meunang toedjoeh poë, ka dalapanna boebaran karija.

Katjaritakeun Praboe Soetra Mantri tĕtĕp andĕg radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, diraksa koe ponggawa pĕpĕrang opat, istri teuloe njoesoen njoesoen geulis saroewa geulisna, tĕtĕp lĕmboer matoeh dajeuh maneuh, toeroen euntjoe reuaj anak.

______