Page:Poesaka Soenda 1923-05-1(11).pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Kabeh tjiri-wantji noe rek ditoelis di handap ieu, eta geus ditjirikeun sarta geus diraoskeun koe ahli-ahli raos dina medan pangperangan. Babakoena mitoeroet Panembahan Senapati.

1. Wisnoe Moerti.

Lamoen aja koeda hideung meles teu aja mathina, ari noe diseboet “mathi” nja eta koekoelintjiran anoe deukeut tjeuli. (Biasana 2 ramo toekangeun tjeuli) sarta dina toengtoeng letah aja noe njentring. Eta koeda hade. Benang dipake toembal nagara; noe miara hegar bae hatena, kadeukeutan doenja sarta salamet tina sagala panjakit saanak-bodjona.

2. Bara mara leboegeni.

Lamoen aja koeda beureum teroes kana panonna atawa iroengna, eta goreng watekna, panas. Tapi lamoen dipiara koe noe tani, kamasan, paledang toekang kenteng, toekang apoe djeung noe saroepa kitoe, eta hade.

3. Anda moestaka.

Anda=taradje, moestaka=sirah.

Lamoen aja koeda koekoelintjiran dina soekoe hareup (doeanana) loehoereun toeoer, eta koeda goreng watekna. Lamoen ditoempakan karepna sok ngaragragkeun, dimana geus ragrag sok toeloej ngalejek sirah.

4. Boentel majit.

Lamoen aja koeda, moentel boeloe boentoetna di djero, eta goreng watekna noe miara sok katinggal koe anak rabina.

5. Satria tjoendoek kembang.

Lamoen aja koeda koekoelintjiran dina tarangna, reana “doea” eta koeda hade pantes djadi titihan Boepati.

6. Ratna kombala.

Lamoen aja koeda hideung panon bodas, boeloe dina roeas soekoe beureum, eta aloes kabina-bina. Watekna noe miara parek redjeki djaoeh balaina, saintjok-intjok dibarengan koe kasalametan.

7. Kemil.

Lamoen aja koeda koekoelintjiran dina wang, eta goreng. Watekna lesang koeras.

8. Soelintaka.

Njaeta koeda noe mathi (pamatrina) ngan sabeulah. Watekna sok ngaragragkeun.

9. Djaja poeroesa.

Njaeta koeda noe koekoelintjiran 4 dina kokotjop. Watekna lamoen dipiara koe pangkat, dipikaasih koe noe ti loehoer. Aloes djadi toetoenggangan pradjoerit.

10. Matjan kakoena sorenggani.

Lamoen aja koeda noe koekoelintjiran dina andeman (dada, hoeloe angen) tiloe ngahapit, eta hade watekna sok dipikaera koe sasama.

11. Toemper iroeng.

Nja eta koeda noe koekoelintjiran dina bagal boentoet. Watekna matak geringan ka noe miara.

12. Tadahloe.

Nja eta koekoelintjiran sahandapeun sipat panon, eta goreng. Watekna matak mindeng kataradjang kasakit djeung didjaoehan ridjki.

13. Gedong hineb.

Nja eta koeda beureum koekoelintjiran sahandapeun panon, eta hade. Watekna matak apik kana ridjki.

14. Moertisan babakaoer.

Nja eta koeda beureum koekoelintjiran sahandapeun poepoedak, eta hade. Watekna beunang dipake toembaling nagara. Pantes djadi toetoengganganing ratoe.

15. Kentjob.

Nja eta koeda pantjal (sopal) soekoena tiloe, eta goreng. Watekna balangsak anoe toempak.

16. Panggoeng rentjob.

Nja eta koeda beureum koekoelintjiran soekoena beulah kenca ti handap, eta goreng. Watekna lamoen dipake perang sok matak meunang tjilaka.