Poesaka Soenda 1924-06-2(12)

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
Poesaka Soenda 1924-06-2(12)  (1924) 
[ 177 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/1 [ 178 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/2 [ 179 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/3 [ 180 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/4 [ 181 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/5 [ 182 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/6 [ 183 ]
183
 
[ 184 ]Tatamoe diangken koe priboemi sabiasa ka saderek, anoe tjonggah pada tjonggah tea.

Ari saoer K. A. Pamanahan: “Lah koe hanaan koering mah atjeuk, tjing mana legenna, tamba halabhab!”

Tembal priboemi: “Hih, poegoeh teu naheur isoek ieu mah, da kakana balik lengoh, ngan hajoh bae ngadjingdjing-djingdjing doewegan, dipihapekeun ka atjeuk, toeh di para seuneu!”

Saoer semah: “Keun bae doewegan oge, teu aja lahang mah, ieu tikoro mani asa toehoer; keun da moal njeuseul kakang oge doewegan-doewegan bae mah Tjing, poenteun ka dieu oerang poerak!” Enggalna sok koe priboemi disanggakeun, legoek dileueut ditotor koe tatamoe nepi ka kosong pisan, tina ninggang keur hanaang tea.

Doewegan seep, koeloetrak K. A. Giring soemping rek ngaleueut teuteundeunan tea.

Barang gok njampak tamoe, atoeh ger bae ngawangkong sakoemaha biasa sasari, pada sono reh geus lawas teu tepang.

Ari ret K. A. Giring ningali doewegan geus ngagoler, enggal mariksakeun titipanana ka garwa. Atoeh paralak koe garwana ditjarioskeun, jen geus disoegoehkeun ka tamoe. Ari di kontjlang-kontjlang doewegan teh koe K. A. Giring geus kosong teu njesa saketjlak-ketjlak atjan.

Ki Ageng Giring sadjongdjongan mah ngahoeleng teu iasa sasaoeran, harendeg bati handeueul, handjakal taja papadana.

Koe andjeuna diwaktjakeun ka Ki Ageng Mataram rasiah doewegan tea, sarta diririhan dihaben dikoerihit soepaja toeroenan Giring oelah tepi ka njamos teu pisan ngarandapan eta kamoeljaan.

Nanging K. A. Mataram teu iasa djangdji kantoen koemaha kadarna, koemambang ka noe kawasa. . . . . . . . .


Lebaran.

Oenggal taoen oerang sadaja pada njorang riaja dina ninggangna masa bada toetoep poeasa, anoe ilaharnadiseboet lebaran tea. Koe bangsa Eropa mah dipadjarkeun taoen baroe, eta lebaran teh. Roepina bae lantaran saralah sangka, maroekan ari lebaran teh kamonesan tawis ganti taoen tjara ping 1 Djanoeari.

Naha naon atoeh ari lebaran teh saenja-enjana ? Nilik kana oenina ketjap, di dinja geus ngandoeng harti anoe matak helok. Naha lebaran teh asal tina ketjapnana ? Eta kitoe, pedah dina poe eta tara aja kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa tina boebaran mentas poeasa ? Mana anoe bener ?

Keun heulaanan ngoedag harti oetjapna mah oerang toenda bae, ajeuna mah oerang pesek eta bae karepna, pang dina mangsa eta make ririja. Meureun tjeuk anoe maraos: Rek dipesek naonana, rek ditetelakeun koemahana deui lebaran teh, sakitoe geus nembres etjesna, jen eta teh pesta agama, riaja Islam, mapan boekti diajakeunana oge dina mentas poeasa.

Tah nja eta anoe djadi lantaran pangmerloekeun ngoengkab eta riaja lebaran tea oge, tina asa teu aja pesekeunana. Tapi . . . . . naha enja riaja di dinja teh parentah agama ? Naha teu aja tjangkaroek Hindoe, pasesaan Boeda anoe kababawa di dinja dipake ngalambon parentah sara ? Ningal latjak noe biasa, aloer anoe geus ngabakoe, moenggoeh di bangsa oerang mah, dina prak-prakanana metakeun kabiasaaan, anoe madjar parentah agama tea, ari geus digoear mah, sihoreng kanjahoan jen rea anoe paseloek, boeh-beh mana Arabna kapendak mana Boedana, katambah koe adat baheula deui, anoe teu aja dina hadis atawa lapadna. Geura tingali dina kapapatenan, dina kawinan, dina sagala roepa bae pendekna mah, anoe teu kakoeroeng koe roekoen, koedoe bae make aja kaselapanana [ 185 ]koe talari boehoen, pasesaan agama anoe ti heula tea.

Tah dina lebaran oge kawasna nja kitoe.

Geura oerang berendelkeun sadajana kabiasaan anoe patali sareng lebaran tea, anoe sok kalampahan keneh ajeuna.

1. Mamaleman; oenggal malem likoeran gangsal koedoe bae dileuwihkeun ti biasa. Raang sarera njareungeut damar di tepas, di boeroean malah aja anoe di kebon nanaon. Anoe baroga mah merloekeun njadiakeun kadaharan keur hadjat, atawa anteurkeukeun ka masjid atawa ka tadjoeg. Baheula di kota-kota menak-menak sok bagilir malemna. Malem salikoer di Panghoeloe, tiloe likoer di kapatihan, malem salawe di kapboepaten, sareng saladjengna. Ngan sanggeus nindak djaman tigerat eta adat di toenda koerang pakeunna, meureun.
2. Piisoekanaeun lebaran, tanggal 30 poeasa, diseboet poean meuntjit. Oenggal imah koedoe bae peupeuntjitan, apesna pisan hajam, anoe baleunghar mah embe radjeun moending atawa sapi ; komo ari di kaboepaten-kaboepaten mah.
3. Dina memeh lebaran koedoe bae mareuli papakean weuteuh. Nja harita doenoengan makeanana ka sanak kadangna. Djadi adat mawakeun ka kolot-kolot, silih teang silih andjangan.
4. Di dajeuh poean lebaran teh raramean sodor senenan. Menak-menak sakaboepaten toengkeb ka nagara, di aloen-aloen rame maen reboetan, ngadoe domba, ngadoe bagong, djeung sadjaba ti eta.
5. Djelema-djelema nadran (ngembang) ka koeboeran. Ka kolot-kolot atawa ka sakoer noe wawoeh moendjoengan, pada menta dihapoera dosa.
6. Tanggal 8 Sawal lebaran deui, anoe biasa di seboet lebaran sawal. Di Djawa diseboet riaja koepat.

Tah kitoe lebaran teh boengboena, henteu ditjarioskeun ari toeroen imbar sareng walilatna mah, nja kitoe deui ngintip boelan netelakeun roe’jatna tea, eta oge diliwat, da henteu aja lambonanana. Kawasna.

Ajeuna dina eta anoe kaoenggel bieu tea, mangga oerang pasing-pasing mana Arabna mana Madjapahitna, noemoetkeun katrangan Raden A. A. Kromo Djojo Adinegoro Kangdjeng Dalem pangsioen Modjokerto, anoe didadar dina Oudheidkundig Verslag 1923.

Andjeuna mapajna sareng njoektjroekna raratan lebaran teh, ti keur djadi boepati keneh, tapi nembe mendak katrangan anoe keuna enja, sanggeus loegaj tina damel, lantaran ajeuna ajeuna iasa djongdjon ngoengkab pararaton sareng toelisan-toelisan koena anoe dina batoe miwah koropak koropak tilas baheula. Ari anoe djadi poko pamoeka katrangan, nja eta:

A. toelisan dina batoe patilasan baheula, anoe kapendak ti desa Djijoe apdeling Modjokerto, anoe titi mangsana taoen saka 1408, ninggang taoen Walanda 1486, oengelna : Girindrawardana, ratoe Kahoeripan (nja eta nagara anoe engkena diseboet Djanggala sarta akhirna noe djadi dajeuh Koetagirang, kiwarina aja di apdeling Modjokerto) ngadegkeun poedja Craddha (hartosna ngadegkeun korban ; meuntjit sato pikeun hatoerkeuneun ka sesembahanana) dina boelan Kartika (nja eta boelan sawal).

B. Tina katrangan anoe kapendak dina boekoe Nagara Krtagama sareng Pararaton, oenggelna: Haijam Woeroek, Ratoe Madjapahit, ngadegkeun poedja Craddha (pesta korban anoe panggedena) ti awit tanggal 4 boelan Bhadra (ninggang dina boelan rewah) taoen Saka 1284 (= taoen Walanda 1362) geus nimbalan ka sadaja para radja-radja bawahan (Madjapahit) koedoe njadiakeun sasadjen djeung bakti poedjakeuneun, sarawoeh papaes keur ngahias nagara (karaton) sajagian pesta agama. Dina ping 12 na breg poepoedjian anoe djadi poedjian didadar, der pesta agama sakoeliah nagara, dibaroeng koe sasadjen djeung peta sembahna, ngagajoeh lelemboet ti kahijangan, … Heuleut tiloe dinten ti harita ninggang dina boelan poernama, endjing-endjing, Kangdjeng [ 186 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/10 [ 187 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/11 [ 188 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/12 [ 189 ]
189
 
[ 190 ]mingkin campuh ting salebrétna metakeun pakarang teu aya eungeun-eungeunna.

Lami-lami nu nyenggakan téh tayohna geus carapéeun, saparantos kirang nu ngahétah-hétah, gék deui éta téh sadayana dariuk, nepak terebangna pada antca deui.

“Tah nu kitu”, sanggem sobat, “nu disebat ngésrék téh”. Ceuk jisim kuring, “Naha ieu téh sadayana tariasaeun kana ngésrék? Bet ditingal-tingal sadayana teu aya nu kalarung pada tarabah kana ngaheureuykeun bedog nu sakitu sareukeutna dipaké kaulinan.”

“Rupi-rupi, sawaréh tiasa sorangan sawaréh mah heunteu. Éta nu teu tiasa nurut aub ka nu tiasa.”

“Nurut aub kumaha?”

“Is kapan di antara nu sakitu téh, pada aya kekentongna (kokolotna), dina saméméhna ngésrék éta bedog-bedog sadayana ku kekentong téh ditiup heula dijampéan, supaya ulah teurak kana kulit jelema. Nyukupna éta pangabisa kitu ka 40 jelema.

Masing urang ogé lamun daék hayang milu ngésrék, asal bedogna baé dijampéan heula ku éta kokolot, moal burung jadi weduk maol enya teurak, ngan pantrangna ulah boga dosa lamun rék milu ngésrék téh kudu beberesih heula.”

“Naha yaktos kitu? Boa teuing bedogna baé mintul.”

Sobat téa énggal nambut bedog, api-api rék aya nu dikadék, ka nu tas ngésrék bieu, lajeng dibikeun ka jisim kuring, ari pék téh dikadékkeun kana bonggol cau, mani badé sapat.

Sanggem sobat, “Salah mecakna kudu kana pingping.”

“Ah teu wani,” jawab jisim kuring bari rada éra.

Kacatur dina bretna budak dikeureut isuk-isuk terebang téh teu tinggaleun ngan harita mah ukur 2-3 rombong baé, da nu loba mah subuh-subuh geus baralik, di dinya téh nu ngalésrék campuh deui baé, tinglalékék kana sagala bari jigrah bungah nu taya wates wangenna.

Saparantosna lekasan nembé jisim kuring wangsul.

Éta ngésrék téh babakuna ngabuktikeun pangaweruh kawedukan. Anu barisa kitu babakuna urang désa Panyindangan, nu basa di Bojong ogé nya urang désa éta.

Ari weduk téh aya sababaraha rupa ngaranna ogé kayaning weduk banyu (kulit miyuni cai, mun dikadék teurak si teurak tapi harita kénéh liput deui), weduk batu (kulit lir batu dikadék kalah ka ngebul), weduk gula sabeulah, weduk ... jeung réa-réa deui.

Ari patokanana aya dua rupa, kahiji ngomé kulit supaya ulah teurak ku pakarang, kadua ngomé pakarang sing ledu ulah neurak. Tah weduk nu kadua mah wungkul paragi ngésrék teu beunang dipaké tarung jeung musuh.

Jajatén kolot baheula mah carék aki-aki kiwari nu baheula kungsi ngalaman, kabisana leuwih-leuwih, nepi ka aya hiji jalma dina karia dituar ku baliung tujuh teu daékeun rubuh kalah cangkeul nu nampolan.

Aya deui cenah éta mah rada béh dieu kajadian di Ciawi (onderdistrict Cibarégbég) nu nyalawat téh sarombong-sarombongna dipenggel dihalangan ku haur cucuk atawa bitung, ana prung téh ngadu jajatén, silih séréd, éta hahalang nu sakitu poharana nepi ka ajur raremuk, ing halé parabotna wungkul tonggong.

Dina ramé-ramé ngésré geus tangtos aya kokolotna nu geus pinuh ku élmu, éta kokolot ngajaga bisi aya nu apes nepi ka bobor karahayuan cilaka, teurak, babakuna ngajaring bisi aya nu hiri dengki ngadoroian.

Ieu ngésrék ayeuna geus rada kirang, lantaran dicegah ku Pamaréntah; nu bararisa ogé teu wanieun nembrakkeun manéh da sieun téa.

Perkawis jampé weduk engké ti pungkur disusulkeun, ayeuna masih kénéh dikotéktak nuju dikumpul-kumpul.

A. GANDA PRAWIRA.

[ 191 ]

Kongres Basa Sunda.


Basa téh hiji pusaka titinggal karuhun anu pangmundel-mundelna, anu perlu pisan diraksa dipulasara ku saréréa, da nya éta banda saréréa téa. Sanajan di antara urang Sunda geus aya nu ngarasa teu miboga kana basana, tapi sawangsulna réa anu nyaah anu mupusti, sarta usaha sangkan basana tambah jembar, tambah mulya, tambah kamajuanana sing beunang dipidangkeun milu tandang dina pajamanan. Surgi nu kaancikan rasa hayang jumungjung kana pusaka luluhurna, sarta dikalebar ku takajar para bujangga nu geus kahéséan ku ngolah ngokolakeunana, tangtos pisan sering kedal pananya, boh ka kanca boh ka salira, anu ungelna,

“Kumaha akal terékahna sangkan basa Sunda tambah kamulyaanana, tambah kamajuanana, tambah kabeungharanana?!”

Malah sakapeung aya anu lisan kieu:

“Naha basa Sunda téh ayeuna mah bet diraruksak, maké aya lemes kitu, naha maké kecap éta?” Naha, naha rupi-rupi anu matak dinaha-naha.

Aya deui sapalih anu kagungan emutan, “Beu ayeuna mah urang Sunda téh geus réa anu teu bisa basa Sunda! Kumaha akalna sangkan urang Sunda tambih jarero élmu basana? Basa Sunda ulah katélér-télér!”

Tah éta anu karagungan émutan kitu parantos lami aya karepna hayang me...(?) basa Sunda, hayang ngadamel kongrés basa, malah aya anu parantos ngajak ngadegkeun pakempelan “Sastrawinangun” sagala rupa, nya éta pakempelan mulasara basa, nanging bet diganggayong baé, teu acan puguh bubukanana, sakitu geus lami naker.

Rupina tina geus ninggang di mangsana, saparantos réa nu sabilulungan maksud (?), nya lajeng ngumaha ka Java Instituut. Bestuur J.I. nampi kalawan kabingahan, sareng kersa makihikeun ka urang-urang Sunda, ngalaksanakeun sapanuhunna, nya éta baris ngadamel KONGRÉS BASA, supaya bisa ngadadar samudaya anu jadi kapanasaran téa.

Waktuna kongrés geus ditetepkeun dina SASIH MULUD ninggang OKTOBER 1924, lamina dua tilu dinten tempatna di Bandung, nya éta rék ngémutkeun saéna tempat, kawuwuh aya pitandangna pangauban Bandung (méméh angkat ka Mekah), Juragan Patih, Juragan Hoofdschool opziener, Juragan Bestir pakempelan-pakempelan anu sanés, nu pada kersa ngajeujeuhkeun kana jadina éta kongrés.

Ari anu badé dipedar dina éta kongrés, nya éta:

I. Akal tarékah sangkan tambah-tambah kanyaho tina perkara basa.

II. Ngajembaran jeung ngamajukeunana basa.

Ieu anu dua rupi udagan dipencar deui:

1. Tarekah pikeun ngamajukeun pangajaran basa di sakola-sakola, ti sakola désa dongkap ka sakola luhur (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Suria di Raja).

2. Mana jeung naon anu kudu jadi basa Sunda lulugu? Basa anu ti satempat-satempatna (dialék) nu kumaha anu beunang digulungkeun jeung basa Bandung? (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Mangundikaria, Schoolopniewe Jatiwangi).

3. Nerangkeun adegna basa Sunda, basa anyar, katrangan mundur-majuna basa Sunda, jst. (baris diterangkeun ku Radén Puradireja, Hoofdredacteur Volkslektuur).

4. Kumaha jalan rumawatna jeung ngamajukeunana mamanis basa, saperti dangding, kawih, sisindiran, jst. (ieu baris dipedar ku Radén H. Sumadipraja, Juragan Patih Purwakarta).

5. Nerangkeun perkawis basa lemes, basa sedeng, nganggona sareng cukcrukanana (anu ngadadarna Radén Kd. A. Suriawinata, Bandung). [ 192 ]Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/16

Kalawarta Poesaka Soenda

Taun ka-1 Taun ka-2 Taun ka-3 Taun ka-4 Taun ka-5 Taun ka-6
1922-07 1923-07 1924-07
1922-08 1923-08 1924-08
1922-09 1923-09 1924-09
1922-10 1923-10 1924-(10-12)
1922-11 1923-11 1925-01
1922-12 1923-12 1925-02
1923-01 1924-01 1925-03
1923-02 1924-02 1925-(04-05)
1923-03 1924-03 1925-06
1923-04 1924-(04-05) 1925-07
1923-05 1924-06 1925-08
1923-06 1925-09
1925-10
1925-11
1925-12