Poesaka Soenda 1924-02-2(08)

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
Poesaka Soenda 1924-02-2(08)  (1924) 

[ 113 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : – SALEMBA 28 – WELTEVREDEN



Eusina P. S. No. 8

1. Mataram kaca 113
2. Sajarah Talaga " 118
3. Singaparna " 121
4. Carios sepuh " 122
5. Nyai Sri " 123
6. Tapa " 125
7. Tutungkusan para uyut " 127
8. Wawacan Babad Galuh " 128

Mataram.

[ 114 ]lang, nja teu mantra-mantra ka Djawa, tetep baé rasana koemawoela ka anoe dja­di kapalana, henteu oedar tina njembah ka bangsana. Ningal ka dinja, keukeuh pageuh moenggoehing di anoe leutik mah, asa dirasanan Padjadjaran, kakoeroeng koe héabna anoe moerba di Pakoean alam madeg radja saheulaeun éta.

Tapi kitoe deui, oerang pedar baé di dieu salsilah sareng babadna radja anoe baheula geus diakoe maréntah Soenda téa, keur tawis sotja, sareng oelah kawaranan koe bédja anoe njarita dina wangkongan ngawajangkeun pamaréntahan baheula téa.

Sakoemaha anoe parantos kaoengel dina P.S.N. 6. ngawitanana Soenda kawengkoe koe Mataram téh, alam Soeltan Agoeng naloek-naloekkeun sakoeliah Djawa, dina wiwitan windoe ka 17, nja éta lantaran koe pangersana anoe djaradi Boepati Soenda harita.

Soepados kaoeninga toetoeranana, ajeuna oerang papaj, saha ari Soeltan Agoeng téh?

Soeltan Agoeng téh djenenganana anoe enja, Radén Mas Rangsang, ari nelahna harita Praboe Pandita Tjokro Koesoemo, anoe katjeloe binangkit radja pinandita toekang tapa, njepengna karadjaan ti taoen 1638 doegi ka taoen 1645. Ti saméméh andjeunna ngadeg radja, parantos nje­peng kakawasaan, margi djadi wakil sadérékna, anoe djenenganana Soenan Marto Poero anoe harita henteu iasa ngaheu­jeuk nagara lantaran woewoedon, salami­na dipoeoek kasawat, ari ngastana kara­djaan nja éta ti taoen 1613 dongkap ka poepoesna dina taoen 1638, ti dieu nembé ditéma koe Radén Mas Rangsang téa.

Doepi ieu Soeltan Agoeng téh poetra Radén Mas Djolang anoe katelah Panembahan Krapjak (1601, d. k. 1613).

Panembahan Krapjak poetrana Panembahan Sénopati anoe tadina djenenganana Mas Ngabéhi Soetawidjaja (1575 d. k, 1601).

Ari Panembahan Sénopati poetra Kiai Gedéng Pamanahan, anoe saparantos mabakan di Mataram, katelah Kial Gedéng Mataram.

Nja ieu Kiai Gedéng Pamanahan, anoe djadi poepoehoenan radja-radja Mataram téh, nja andjeunna anoe ngababakan Mataram, ti asal leuweung geledegan nepi ka djadi nagara.

Saha ari Kiai Gedéng Pamanahan téh?

Tah ieu réa tjaritana réa dongéngna, geura mangga oerang dadar anoe perloe­na, mapaj raratan ti ditoena pisan, noemoetkeun oengeling babad saroepa-saroe­pa, da réa soengapanana anoe pada-pada baroga raratan sorangan.

I. Katjarioskeun Kangdjeng Radja Madjapait djoedjoeloek Praboe Brawidjaja, anoe kagoernita ratoe agoeng palamarta moerba di sanoesa Djawa. Dina hidji mangsa Kangdjeng Radja ngangloeh teu damang wales, geus njamarkeun andjeun kana iasa waloeja deui, doekoen-doekoen dikeloen para paradji dikerid ditimbalan ngalandongan, tapi kasawat teu aja pisan mendingna, anggoer woewoeh tambah ripoeh. Kangdjeng Radja sakalintang se­sah manah ras kana kasawat salira, réh toembal taja noe mental, parantjah taja noe matih.

Toengtoengna tjoel ngantoen haliah lahir, tek manteng moentang ka Pangéran, soemerah ngambangkeun kersa Kang Maha Soetji, siang wengi ngisat raraga di sanggar, tara loengsoer-loengsoer atjan. Tina bangeting tjengeng pamoentang, aja pitoeloenging Jang Widi, kaleresan dina hidji wengi, antawis koelem djeung tanghi, Kangdjeng Radja ngimpén njata, kénging wangsiting Goesti, raos aja anoe soemping, galantang maparin pitoedoeh, jén andjeunna kedah sapatemon sareng hidji istri Wandan.

Satoetasna ngimpén kitoe, korédjat tanghi ladjeng loengsoer ti sanggar, loemebet ka padaleman. Ari anoe diseboet is­tri Wandan tea, tjeuk sakaol oerang Poelo Banda atawa Ambon, anoe ramboetna ga­ling kiriting, ari tjeuk sakaol deui, magah istri koelit boelé semoe bodas baé teu di­sebat bangsana.

Enggalna Kangdjeng Radja nimbalan ka Patih koedoe ngaboektikeun istri pitoembaleun kasawat, sakoemaha anoe kaoengel dina impénan téa. [ 115 ]
115
 
[ 116 ]
116
 
[ 117 ]Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/5 [ 118 ]leuwih ngan 100 taun, sarta ngalaman disultanan ku tiluan, nya éta mimiti Rd. Patah, digentos ku putrana jenengan Pangéran Sabrang Lor, sarta sapupusna ieu ditéma ku sadérékna anu jenengan Pangéran Trenggono. Saruntagna Demak ditéma ku Pajang.

Karajaan Pajang mangsa harita keur meujeuhna héjo lémbok murah sandang murah pangan, nagara wuwuh lami wuwuh ramé, sarta méh sakuliah Jawa pada sumujud ka Kangjeng Sultan, kajabi ti ... ARIA JIPANG.


......


Sajarah Talaga

Talaga téh hiji distrik di wewengkon apdéling Majalengka [ 119 ]Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/7 [ 120 ]
120
 
[ 121 ]
121
 
[ 122 ]
[ 123 ]
123
 
[ 124 ]
124
 
[ 125 ]
125
 
[ 126 ]
126
 
[ 127 ]
127
 
[ 128 ]
128
 

Kalawarta Poesaka Soenda

Taun ka-1 Taun ka-2 Taun ka-3 Taun ka-4 Taun ka-5 Taun ka-6
1922-07 1923-07 1924-07
1922-08 1923-08 1924-08
1922-09 1923-09 1924-09
1922-10 1923-10 1924-(10-12)
1922-11 1923-11 1925-01
1922-12 1923-12 1925-02
1923-01 1924-01 1925-03
1923-02 1924-02 1925-(04-05)
1923-03 1924-03 1925-06
1923-04 1924-(04-05) 1925-07
1923-05 1924-06 1925-08
1923-06 1925-09
1925-10
1925-11
1925-12