Poesaka Soenda 1923-08-2(02)

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
Poesaka Soenda 1923-08-2(02)  (1923) 
[ 17 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - LAAN WIECHERT 13. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


17
 
[ 18 ]
[ 19 ]
[ 20 ]
[ 21 ]
[ 22 ]
22
 
[ 23 ]
23
 
[ 24 ]
teu tolih ka pawarti,
catur galur teu digugu,
maju indit nyorangan,
lintar wanci tengah peuting,
kacaturkeun sabaturna pada reuwas.
36. Harita malem Salasa,
geus nepi ka isuk deui,
Alimukidam teu datang,
ku baturna pada ngungsi,
bisi titeuleum palid,
atawa kabawa laut,
tapi weléh teu aya,
ti dinya tuluy badami,
riung-riung néangan akal tarékah.
37. Keur kitu puncengis datang,
gancangna éta Ki Ali,
pada nanya ku baturna,
ka mana lampah ti peuting,
ari walon Ki Ali,
kuring téh peuting di laut,
keur lintar ngeunah-ngeunah,
henteu kanyahoan deui,
aya anu ninggang beurat kana awak.
38. Sihoréng téh ramat heurap,
kuring ampir henteu éling,
beuheung dikenyang ka luar,
ti dinya ngajerit ceurik,
tapi henteu ditolih,
kuring ditinggangkeun asup,
kana sahiji koja,
arék kabur hayang bijil,
henteu bisa da kojana luhur pisan.
39. Nyampak dina éta koja,
loba lauk rupi-rupi,
tina ku awahing reuwas,
boga rasa samar hurip,
kuring les henteu éling,
ari inget bet teu puguh,
linglung paroék tingal,
tapi pikir jejeg éling,
sumangka téh moal salah ieu Embah.
40. Saur Embah ka garwana,
barang geus sumping ka bumi,
“Nyai lintar téh teu meunang,
ieu ngan meunang saeutik,
kitu gé hurang leutik,
lumayan pais keur isuk.”
ti dinya eusi koja,
diucutkeun rék dipais,
kuring ceurik bari matek jajampéan.
41. “Aéh kutah si Mukidam,”
saur Embah ka sim kuring,
“Sia téh mentas ti mana?”
walon kuring,”Ongkoh abdi,
ayeuna nembé bijil,
tina koja tas karungkup,”
walonna “Aéh kutan,
naha lalawora teuing,
ku aing mah ti tadi teu kanyahoan.
42. Untung teu kapais sia,
semet ieu méré éling,
ulah deui lalawora,
nyorang cecegahan aing,
untung sia pnibadi,
tadi basa keur di laut,
henteu ditaruk heula,
ayeuna mah henjig balik,
omat pisan sia ulah arék wéya.”
43. Tah sakitu caritana,
anu ngalanggar pamali,
harita téh éta Embah,
mun urang mah eukeur ngecrik,
mapay di turut sisi,
ngala lauk nu lalembut,
salah jeung benerna mah,
éta wartos duka teuing,
ngan buktina loba pisan nu percaya.
44. Cegahanana di Sancang,
niir lauk gé teu jangji,
dipantang tina asangna,
kudu matana ditiir,
sabab di éta nagri,
aya hiji ménak agung,
jenengan Prabu Sangsang,
jadi mun diasang pasti,
meunang bendu ti éta Parabu téa.
45. Sabab ngunghak ka jenengan,
kecap asang nyabit-nyabit,
nuluy nepi ka ayeuna,
di mana lauk ditiir,
matana enggeus pasti,
kaluaran Sancang tangtu,
karana nu séjén mah. [ 25 ]|- beu geuning di mana teuing,
biasana niir mah lebah asangna.

Aja samboenganana.


N. B. Sadjarah waktoe saatjan djadi nagara sarta asal bibit boeitna, koe sim koering noedjoe dikotéktak, lamoen pinanggih hasil tangtos dipedar di ieu Poesaka.

ANDJOEN G. PRAWIRA.


Tjandra sangkala memet [ 26 ]Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/10 [ 27 ]Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/11 [ 28 ]
28
 
[ 29 ]
29
 
[ 30 ]
30
 
[ 31 ]Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/15 [ 32 ]Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/16

Kalawarta Poesaka Soenda

Taun ka-1 Taun ka-2 Taun ka-3 Taun ka-4 Taun ka-5 Taun ka-6
1922-07 1923-07 1924-07
1922-08 1923-08 1924-08
1922-09 1923-09 1924-09
1922-10 1923-10 1924-(10-12)
1922-11 1923-11 1925-01
1922-12 1923-12 1925-02
1923-01 1924-01 1925-03
1923-02 1924-02 1925-(04-05)
1923-03 1924-03 1925-06
1923-04 1924-(04-05) 1925-07
1923-05 1924-06 1925-08
1923-06 1925-09
1925-10
1925-11
1925-12