Poesaka Soenda 1923-04-1(10)
Poesaka Soenda 1923-04-1(10) (1923) |
POESAKA-SOENDA DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN JAVA-INSTITUUT Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN |
Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah. |
Samboengan P. S. No. 8.
|
kana nekanan hoekoeman. Namoeng kapaksa kedah ingkah ti dinja, lantaran kagoegat. sering kasenit, emoet, ningali tilas patepang sareng Barata, raosna asa kahoedang tibelat abot, ka saderek. Djoeng arangkat deui tileoan njorang djoengkrang mipir pasir, mapaj leuweung loewang-liwoeng, djol saromping ka alas Dandaka; di dinja ngadamel poporogok geosanna ngendek bebenah keur soeka betah. Doepi eta Dandaka teh tempat pandita tararapa, handjakal rea boeta anoe sok hiri dengki, néwo-néwo ngagembang noe keur djarongdjon. Dina hidji dintcn aja panditi soemping, moentang ka Batara Rama, moendoet ditangtajoengan, hajang itjal tina panggodana para boeta danawa. Koe Batara Rama disanggeman baris njegah noe djadi goda rantjana.
Dina hidji dinten sabot arandjeunna keur goenem tjatoer, tiloean patoengkoe-toengkoe |
raos kelar wararaas kagagas manahna ngangres njarioskcun lalakon salira anoe parantos kasorang, bet lar aja boeta awéwé matak gila matak geuleuh ngaliwat ka lebah dinja. Barang eta boeta ngareret ka Batara Rama, oemat-imoet loeja-léje, sihoreng teb aja manah. Djoegrah-djigrah ngadeukeutan bari ngaboeih teu repeh, pasemon aja kahojong, bogoh lain dikieuna, ditcmbongkeun teu aja pisan aling pipindingna, togmal moendoet dipigarwa, bari nanja noe ti mana, oukeur naon aja di dinja, ditambahan koe oetjap soegal raresag. Koe Batara Rama enggal diwaler sahinasna nganggo tata papagon karaton, jén andjeunna djenengan Batara Rama, keur ngalalana asal ti Ajogja, malah sawangsoelna Batara Rama malik mariksa. ngaran. Boeta boengah tanpa tanding ngoeping pangwalon satria, marahmaj hegar njarita, jén manehna noe ngaran Sjoerpanakha sadérék Radja Rahwana, radja boeta noe katjeloek sakti manggoelang manggoeling, sarta teu euleum-euleum, ngabédégél ditaragal Batara Rama dipaksa baris didamel tjaroge, kedah pisah ti Sinta, anoe madjar tjengkrang begang.
Batara Rama titih rintih ngawaler ka Nji Raksasi, jen andjeunna mah barabé, kawantoe kagoengan garwa; Nji Danawa oelah mikarep ka noe rimbitan, moen deuk oge, dawoehanana, toeh ka adi koela, Lakshmana anoe masih keneh lagas. Naha henteu mikahajang éta, Lakshmana nonoman taja koetjiwana. Sjoerpanakha malik seuri oemat-imoet atoh asa kalajanan, njoemanggakeun haripeut raos asa dihoetjoehkeun. Namoeng koe Lakshmana ditampik sapadjodogan, henteu dioepah-oepah koe saoer anoe matak ngeunah, malah diléléwé koe pamojok, digeplakkeun satjeplekna. Atoeh Nji Sjoerpanakha bendoe, moerang-maréng tina boga rasa wirang, ari ngambekna bet ka Dewi Sinta,, ngodjengkang arek ngadjéwang, karepna arek dilegleg diteureuj boeleud. Lakshmana rikat megat ngahalangan Dewi Sinta, sarta teu tata pasini deui barang Sjoerpanakha arek ngarontok simpreng bae iroeng boeta teh dikeureut, keplas tjeulina ditilas. Atoeh Nji Boeta adoeg ladjer iroeng. roempoeng tjeuli rawing, getih moengsrat |
oelaweran. Manéhna tjeurik riwih-rawah ngabigbrig balik, midangdam ngawakwak sasambat ka doeloerna anoe ngaran Khara, menta dipangmaleskeun pedah geus dinjenjeri dikaniaja djeung diwiwirang, ditampik koe lalaki doeaan, ngadoni madjar koe panitahna hidji awewe batoerna anoe doeaan tea, noe djoemorogdjog tanpa larapan datang ka tempatna.
Boeta Khara teu tatanja deui, ningal doeloer lamokot koe getih, poedigdig ambek, harita keneh ngadjorag mawa balad 14boeta, sarta sanggeus eleh noe 14 datang deui mawa balad 14,000, tapi henteu tahan njangga karosaanana Batara Rama, eta danawa tjarem kabéh, malah Khara ogé kasamboet di pangperangan. Harita Dewi Sinta disoempoetkeun dina hidji goeha didjaga koe Lakshmana anoe geus sadia pakarang. Barang Khara geus maot, Sjoerpanakha léos bae indit karepna rek menta toeloeng ka lantjeukna anoe djadi gede goenoeng pananggeuhan tea, nja eta Radja Rahwana atawa Dasamoeka, hartina boeta anoe sirahna sapoeloeh, radja di nagara Langka (Ngalengka) aja,na di sapeuntasoun laoet. Sadatangna Sjoerpanakha ka pajoeneun Rahwana, riwih-rawah tjeurik bari nembongkeun iroeng djeung tjeulina, ditjaritakeun jen dikaniaja diwiwirang dinjenjeri koe Rama. Teu répéh ngétjéblék ngangsonan menta dipangmaleakeun, koedoe dipaling awewena anoe ngaran Sinta, anoe kageulisanana di doenja teu aja bangsana. Radja Rahwana kabongroj koe pangangsonan, enggal sanggoep ngalaksanakeun pamoendoet saderekna baris mangmaleskeun . kanjerina, hoetang wirang bajar wirang hoetang njeri bajar njeri. Rama baris ditempoeh diperangan. Namoeng keuna koe pangrodjokanana boeta noe lian, nandasana moal ditaragal, nja baris dibales koeakal djoeng diiwat garwana, sangkan Rama poepoes kaboelenglengan, tina kawangwang taja petana koeat nadah soengkawa kailang-ilangan goureuha. Radja Rahwana djengkar ti Alengka nitih kareta emas; ngapoeng ngawang-ngawang ngadjoegdjoeg leuweung Dandaka tempat Batara Rama tea. Karetana dilirenkeun sindang heula di hareupeun imah hidji boeta, mitra andjeunna, anoe sok ditjandak |
sakoelah-sakolih ngaranna Maritja. Nja Maritja tea anoe parantos kaerong koe andjeunna baris eupan pigeusaneun ngalaksanakenn-kahojongna. Awitna Maritja tiasa, meper amarah Rahwana koe saoer panglilipoer soepaja ! napsoena oelah didjoedjoer, nanging Rahwana enggal kagembang deui koe kaendahan Dewi Sinta sareng kahoedang koe panging-kilikan Sjoerpanakha.
Maritja ngadjadikeun maneh oentjal kantjana oedat salaka loempat ngaliwat ka tempatna Dewi Sinta. Dewi Sinta kaoesap gogoda, kabongroj koe oentjal kantjana, keukeuh ka rakana miwarang soepaja enggal ditewak. Koe Lakshmana dihatoeranan wawadi, jen eta njata goda rantjana, margi mohal di doenja aja oentjal anoe kitoe roepana. Nanging tina bangeting panarik adjian gendam Maritja, Sinta lali kana wisiking panggalih, weleh teu kenging dipondah. Batara Rama ngaboedjeng oentjal tea, dihaben disoesoel-soesoel, doepi garwa ditimbalan didjagi koe raina. Sabot Rama teu aja Dewi Sinta ngadjoedjoeroeng ka Lakshmana miwarang ingkah, kedah njoesoel ka rakana reh ngadangoe sora titiron, sada Rama moendoet toeloeng. Lakshmana kapaksa ngantoenkeun Dewi Sinta njalira. Nembe pisan Lakshmana angkat, djol djleg bae Rahwana soemping, anggoan mah kapanditaan; awit ngaririh-ririh koe saoer manis, loemah-lameh bangoen nénéh, moedji moedji hojong mangkon ngadjakan angkat ka Lengka. Nanging koe margi Dewi Sinta teu kenging dionggétonggét, toengtoengna rijed bae dipaksa diemban bioer ditjandak ngapoeng. Dewi Sinta djoemerit nangis, kotjeak deAngek sasambat ka Batara Rama, nanging moebah teu aja goenana, rakana tebih dieupanan digagalak koe oentjal kantjana Maritja tea. Kaleresan teu sakoemaha tebihna, kakoeping koe hidji garoeda anoe ngaranna Djatajoe, mitra Radja Dasjaratha ramana Batara Rama, djoemeritna istri anoe sasambat teh, atoeh enggal diboedjeng, sarta barang beh katingal Rahwana dina karetana keur ngeukeuweuk t hidji istri, gaproek bae kareta emas disamber digitik doegi ka remoek. Rahwana napsoe ngagoegoedoeg sot kareta, ger |
merangan garoedag sarta tou lila habek Djatajoe di tilas koe pedang, meh rantas djangdjangna sabeulah sarta koleang Djatajoe ragrag, teu tahan njangga pangawasana Rahwana, ambroek ngaloemboek di tengah leuweung geus teu daja teu oepaja.
Rahwana kebat ngapoeng ngawang-ngawang, Dewi Sinta dipageuhan, ngabioer moelih ka Alengka. Sabot dipangkon ditjandak ngapoeng teu kendat Dewi Sinta sasambat, djerit-djerit nangis maratan langit; Samar polah samar ragap, reuwas taja papadana, nandang siksa tanpa dosa. Moeroeboet soesoebal ragrag tina sanggoel, geulang kangkaloeng aroetjoel, njarahtjal sadjalan-djalan. Soegri anoe koemelip di alas Dandaka hareugeu bengong baroong, ngenes ngangres ngiring sedih, ngoeping djoemeritna poetri, kotjeakna noe sasambat, nanging rakana djeuug raji, koe Maritja dibangbatkoun, kabengbat oentjal hianat. Tatangkalan dangdaoenan ting harelab gedag ojag, kasilir koe angin leutik, tawis ngiring sedih peurih, ka Sinta noe keur prihatin, noedjoe toenggara nandang soengkawa. Kekembangan noe rek mekar, ngoelapes doemadak leumpeuh, aloem lir kapoepoel bajoe, toemoengkoel mariloe ngoengoen. Sinar srangenge teu tjékas, haleungheum angkeub rareueuk, mesoem kasapoet halimoen, mega djiga noe teu tega. Ngahiliwir angin ngadalingding, sada miloe hoernandeuar, pedah toegenah ningal Rawana: ,,Leungit adil tanpa lebih,nandasa noe tanpa dosa, Rahwana ngiwat Sinta garwana Batara Rama:" Kai bati djadi saksi, kakajon tembong barengong miloe sedih ngiring njeri, tapi teu bisa madjar koemaha. Goenoeng-goenoeng miloe ngoejoeng, sato hewan riab pasoelabrengan, taranggah ka awang-awang, kawas noe miloe ngadeudeul pindoenga ka Sinta: ,,Masing teger, masing panger, oelah keder oelah gimir, poma gedag kaanginan, moega manah masing djanglar, waloeja diraksa koe pangawasa." Nadjan Sinta kotjeak dengek tapi Rahwana kendel bandel, teu aja pisan rasrasanana. Soempingna ka Langka, boes Dewi Sinta |
KINANTI
|
|
|
|
|
|
Aja samboenganana.
|
Sakoemaha anoe parantos kaoeninga koe sadaja, taoen Poesaka Soenda dietang ti Juli dongkap ka Juni. Ajeuna parantos April. Koe margi eta artos langganan pikeun taoen ka doea (1923-1924) Oetamina dikintoenkeun ti samemeh Juli soepados tiasa nangtoskeun pilengkaheun dina taoen anoe ka doea tea. Koe margi diongklangan ti anggalna, oepami abot tea mah, tiasa ditoengtoet saban sasih ti ajeuna, didoea atanapi ditiloekalikeun. Hajang pisan oelah doegi ka kapaksa ngintoenkeun postkwitantie, tina roentjoe sareng rentjed, kawoewoeh ngaroegelkeun, margi djadi langkoeng satalen tina pangaos loeloegoe. Eta margina noe mawi engke di P.S. No. 12 ka anoe teu atjan majar baris dikintoenan balangko postwissel bae. Djoeragan-djoeragan anoe djangdji bade ngintoenkeun artos langganan, saparantosna dikintoen P.S. aja anoe teu atjan nohonan kana djangdjina, koe margi eta sanget panoehoen Redaktie, soepados enggal maparin pibajoeeun Poesaka Soenda. Kadjabi ti eta, koe margi diantawis djoeragan Mantri Goeroe sakola klas II aja anoe majar aja noe henteu, ari dina kwitansi pos teu disebat tempatna, disoehoenkeun ka noe teu majar tea, soepados ngawangsoelkeun P.S. na, serat bae dina adresna: Moal Langganan. Ka Djoeragan-djoeragan anoe ngalih tempat, disoehoenkeun soepados ngawartosan. Hoermat ti Redaksi
|
Kalawarta Poesaka Soenda
Taun ka-1 | Taun ka-2 | Taun ka-3 | Taun ka-4 | Taun ka-5 | Taun ka-6 |
---|---|---|---|---|---|
1922-07 | 1923-07 | 1924-07 | |||
1922-08 | 1923-08 | 1924-08 | |||
1922-09 | 1923-09 | 1924-09 | |||
1922-10 | 1923-10 | 1924-(10-12) | |||
1922-11 | 1923-11 | 1925-01 | |||
1922-12 | 1923-12 | 1925-02 | |||
1923-01 | 1924-01 | 1925-03 | |||
1923-02 | 1924-02 | 1925-(04-05) | |||
1923-03 | 1924-03 | 1925-06 | |||
1923-04 | 1924-(04-05) | 1925-07 | |||
1923-05 | 1924-06 | 1925-08 | |||
1923-06 | 1925-09 | ||||
1925-10 | |||||
1925-11 | |||||
1925-12 |