Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/59

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Ari saoer ratoe: "soemangga, Njai, rek moelang kĕmbang mah, ngan soepaja ngoeninga heula ka paseban".

Toeloej Soemoer Bandoeng ka paseban.

Barang soemping nangis bari pokna:

"koering ĕngkang Rangga Wajang,
amit hajang moelang kĕmbang,
noe mantoeng dina pangamboeng,
koematjatjang dina raraj,
ajeuna koering teh amit,
amit arek ngala kĕmbang".

Rangga Wajang pok ngawalon: "Njai, oelah, kawantoe oerang teh keur meudjeuhna tataloe, keun, oerang toembalan bae, hiap, ka dieu geura nonggong".

Boel ngoekoes Den Rangga Wajang,
njata di dampal panangan,
gorolong sangkala bolong,
dengdekeun ka kaler rehe,
dengdekeun ka kidoel soewoeng,
dengdekeun ka koelon kosong,
dengdekeun ka tĕbeh wetan,
bĕt ngadjĕntoel di sajoeran,
Djaga Ripoeh eukeur ngĕmat,
eukeur ngĕmat Soemoer Bandoeng.

Barang katingali koe noe geulis Soemoer Bandoeng, toeloej bae njaoer ka rakana Raden Rangga Wajang, pokna: "paingan teuing, ĕngkang, koering teh ngan hajang bae ka kĕbon sajoer, da keuna kĕmatna si Djaga Ripoeh".

Ti dinja, harita keneh, rĕndjag noe geulis Soemoer Bandoeng geus tjageur deui.

Tjek noe kasep Rangga Wajang:

"kitjeup hamo meuli noekeur,
sĕmon teh pada ngantongan,
eh Njaï geura soemangga,
nja moelih ka padalĕman.
akang teh arek njampeurkeun,
njampeurkeun si Djaga Ripoeh,
akang arek ngadjadikeun,
diri Njaï Soemoer Bandoeng".

Enggal Rangga Wajang toeloej ngadjadikeun istri, djiga pisan anoe geulis Soemoer Bandoeng, bari angkat ka sajoeran.

Koleang noe ka sajoeran,
leuleus keupat bisa angkat,
leuleus pigeulang panangan,
leuleus batan awi tali,
awi tali anoe ngora,
ditjoekangan monjet mandah,
manan potong kalah ngelaj,