Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/211

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

145

Djoeg disoempit, meunang mandjangan hidji. Dipeuntjit, disisit da geus boerit; boes kana kodja Dengdek poë.

Toeloej tembong ka tebeh hareup, manggih mandjangan sahidji deui. Djoeg disoempit, disoesoel, dipeuntjit, disisit da enggeus boerit; boes kana kodja Dengdek poë. Mandjangan sapasang andeg toenggoe djoeroe bae dina kodja Dengdek poë, gabig disorendangkeun kana sorenna doehoeng; sedeng embatan tjangkeng mandjangan sapasang.

Tjoel ka tebeh hareup, ngaliwat ka pipir goenoeng.

"Aki panjoempit, goenoeng teh geura toegar, engke aja goöngan."

Toeloej ditoegar, meunang goöng sabendeëun panoedoehan loetoeng.

Angkat lantoeng ngarangkiboeng,
meunangna loetoeng sahidji,
doeana noe bisa lemek,
tiloena mangka madawa,
redjeki kaboeritnakeun.

Djoeg ka imahna Aki panjoempit; ari datang ari poëk, broeg mandjangan ditindihkeun.

"Oetoen, geura tjalik dina bale."

Bros tiporos biritna loetoeng di bale Aki panjoempit.

Aran si-nalangsa keneh.

"Nini, si-Aki datang."

"He si-Aki njieun altman, loepoet njieun altman, koedoe baheula keur ngora, ajeuna mah patitis pinoeh koe hoeis."

"Lain aleman, meunang loetoeng sahidji bisa lemek, doea mangka madawa, ka aing ngakoe rama poeloeng, ka si-nini ngakoe amboe poeloeng, na rempoeg na henteu?"

"Madjar mnpoeg, salah henteu madjar rempoeg, salah bisi teu rempoeg djeung anak poetoe noe salawe koeren. Geura boro, nini, sia teu oeninga pibedjaeunana, kieu dikoempoelkeun tea mah."

Sanggeus daratang anak poetoe kabeh, tjek Aki panjoempit: "meunang loetoeng sahidji bisa lemek, ka aing ngakoe rama poeloeng, ka si-nini ngakoe amboe poeloeng, rempoeg ta henteu?"

Anak poetoe noe salawe madjar rempoeg kabeh.

Ari geus kitoe, tjek si-Aki : „ieu mandjangan sapasang goeroedag tina kodja Dengdek poë."

"Brak dipoerak."

Babatjakan anak poetoe,
noe salawe pada njempal,
pada ngeureut pada manggang,
pada ngangeun pada namboel,
tingdarekdek, tingberebet.

Noe ngarengkas toelang, ngadjingdjing daging, ngagandong polo, ngadjarah babat, ngegelan hatena, njoehoen wawadoekna. Sakeudeung paragat anggeus,