Page:Tjarita Ki-Asdoera.pdf/20

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Ari ĕmbe noe tiloe deui diteundeun di saoeng Gawan, ari koering ngaboedjeng mondok ka lĕmboer Djadjawaj.

Ari isoekna eta wĕlĕng ditejang. Barang parantos tetela, jen eta bĕdil beukas, koering ati-ati. Bĕt teu kanjahoan deui, eta maoeng sĕgor bae, mogok bari njĕntakan. Tidinja djĕdor dibĕdilan kintĕn gĕnĕp kali; teu lami eta maoeng paeh. Ladjĕng dirasah; koelitna sarĕng hoeloena dibantoen ka Mĕnes dintĕn harita keneh sarĕng disanggakeun ka kangdjĕng dalĕm.

Dawoehan pangawoelaän: Ijeu maoeng dek disanggakeun ka kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang.

Tidinja koering njoehoenkeun widi moelang ka Panjatjaran.

Saparantos dongkap di rorompok, ladjĕng leumpang ngala maoeng ka Tjikeusik. Sabot koering di Tjikeusik, datang sĕrat ti Mĕnes, jen koering kĕdah ka dajeuh, nampi pĕrsen maoeng.

Sadongkapna ti Mĕnes enggal koering balik deui ka Tjikeusik. Barang dipasangan wĕlĕng sakali, ĕmbe kenging koe maoeng, bĕdil bitoe, nanging maoengna teu kenging.

Ladjĕng dipasangan deui, diëupanan eupan kosong.

Kintĕn poekoel salapan sore bĕdil bitoe. Kadenge sora maoeng gĕrang-gĕroeng. Nanging teu aja noe wani nejang. Isoekna ditejang koe koering; eta maoeng geus teu kadoegaeun leumpang, wireh potong walikatna, nanging tatjan paeh.

Ladjĕng ditejang koe loerah Minggoe, dibĕdil ti loehoer leuit, wĕleh teu daekeun paeh. Tidinja koe koering dibĕdil tjangkengna, hos paeh.