Page:Tjarita Ki-Asdoera.pdf/19

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

toewan-toewan parantos njaroesoel djalma noe dibawa maoeng ka leuweung teja. Teu lami kapĕndak bangkena; ari noe parantos dihakan biritna, pingpingna sarĕng laranganana. Eta bangke diantĕp bae harita mah, tina pĕrkawis djalma-djalma pada njatjar ngadjaga maoeng. Eta ranggon disajagikeun ngaler-ngidoel. Ladjĕng kakarek digiring nganggo antjak; hidji antjak dibantoen koe dalapan djalma.

Noe ngatoer ngagiring kangdjĕng toewan koentroelijoer Goenoeng Kantjana, kangdjĕng toewan koentroelijoer Mĕnes, djoeragan patih, djoeragan wadana Tjibalijoeng, djoeragan wadana Panimbang sarĕng tjamat-tjamat.

Sami sajagi bĕdil, golok, toembak.

Nanging maoengna teu kapĕndak.

Doepi eta bangke ditjangtjang kana toenggoel, ditalian leungeunna.

Ari reup sore malĕm salasa didjaga koe doewa toewan.

Kintĕn wantji sareureuh eta maoeng datang, dibĕdil, nanging teu teurak. Ladjĕng kangdjĕng toewan rĕsiden njaoer koering, dipiwarang nejang kana eta sora bĕdil. Enggalna ditejang ka dinja. Barang parantos telela jen teu teurak, koering balik deui bae.

Kintĕn kintĕn wantji soeboeh koering ngiring kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang nejang eta toewan noe ngadjaga teja dina ranggon, ladjĕng moelih ka pondok.

Wantji beurang kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang ngĕrsakeun ningkĕran maoeng bade giringeun. Kapĕndak oeroetna, malah karoengoe sorana. Ladjĕng digiring deui sakoemaha tadi, nanging maoengna mah teu kapĕndak. Tidinja digiring sakali deui, lĕpat deui.

Ari reup wĕngi malĕm rĕbo eta bangke ditoenggoe deui, ditambahan ĕmbe dalapan siki. Nanging wĕngi harita hĕnteu aja noe datang.

Isoekna dangdos sajagi moelih; kintĕn poekoel dalapan bral angkat, moelih ka Panimbang, ladjĕng ka Mĕnes, diiring koe menak menak, loerah-loerah sarĕng djalma-djalma.

Antawis dalapan dintĕn ti mangsa harita koering kenging parentah ti dajeuh, kĕdah ngala maoeng ka Tjitĕngah, dipaparin artos dalapan roepijah bade ngagaleuh ĕmbe sarĕng obat satjarak. Bral koering leumpang ngabantoen djalma salawe, ĕmbe opat siki sarĕng pisangoeëun, sapĕrtos bejas, minjak, oejah, bako, lĕmareun sarĕng salijan ti dinja.

Barang dongkap di Tjitĕngah, ladjĕng ngadangdanan wĕlĕng, nanging ngan kaboedjĕng ngadamĕl hidji di oeroet djalma noe dibawa koe maoeng teja.