Page:Tjarita Ki-Asdoera.pdf/18

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

sakalereun Tjisoewakan. Didjaga koe poetri sasarĕngan sarĕng kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang.

Sakalereunana kangdjĕng pangeran sarĕng toewan-toewan noe sanes. Aja deui doewa toewan noe ngadjaga di kidoeleun Tjisoewakan, di sasak Tjirambĕtoek.

Ari kangdjĕng dalĕm ngadjaga kalereun saoeng Gawan.

Harita eta ĕmbe noe hidji, nja eta noe pangkalerna, kenging koe maoeng.

Ari koering ngadjaga di Tjisoewakan sarëĕng djoeragan wadana Tjibalijoeng.

Teu lami bĕlĕdoeg sora bĕdil; kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang ngaloeloengsoer moelih ka Tjitĕngah.

Tidinja koempoel di Tjitĕngah, ngan toewan noe aja di Tjirambĕtoek tilar di dinja.

Ari djalma-djalma noe loba meutingna masing-masing bae: aja noe dina saoeng, aja noe di leuit, tina sabab teu tjĕkap ĕnggonna.

Kintĕn-kintĕn tĕngah wĕngi malĕm sĕnen aja sora maoeng sarĕng sora djalma gagawokan.

Ana seg diboedjĕng koe djalma loba, njata jen aja hidji djalma, wasta poen Saiman, dibawa ti leuit koe maoeng.

Wĕngi harita keneh ladjĕng disoesoel, kintĕn gĕnĕp atawa dalapan toembak djaoehna teu kapĕndak.

Tina pĕrkawis teu kapĕndak, kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang marijos ka koering: „Koemaha pikir, eta djalma geus djaoeh dibawana?”

Pioendjoek koering kantĕnan djaoeh.

Ladjĕng kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang moelih bae.

Tidinja bral sadajana ka pamondokan.

Harita di dinja teu kintĕn roesoehna.

Parantos kitoe aja timbalan kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang, jen eta doewa toewan noe aja di Tjirambĕtoek kĕdah ditejang. Kangdjĕng dalĕm miwarang ka djoeragan patih sarĕng ka djoeragan wadana sarĕng ka tjamat-tjamat, nja eta tjamat Katoembiri, tjamat Moendjoel sarĕng tjamat Tjiseureuheun, sarĕng mantri oeloe-oeloe, nanging teu aja noe wani.

Tidinja eta tjamat-tjamat njaoer koering, dipiwarang nejang eta doewa toewan ka Tjirambĕtoek. Ladjĕng koe koering ditejang sarĕng tjamat-tjamat, sarĕng ngabantoen djalma noe mawa obor, pada sadija pakarang, bĕdil, toembak sarĕng golok. Ladjĕng eta toewan-toewan moelih ka Tjitĕngah kaboedjĕng sijang dintĕn sĕnen.

Barang dongkap ti Tjirambĕtoek, sadajana djalma-djalma sarĕng