Page:Tjarita Ki-Asdoera.pdf/17

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Kintĕn wantji djam kadoewa wĕlas, tĕngah wĕngi, malĕm saptoe, koeda djoeragan patih sarĕng koeda djoeragan wadana di kolong ngamoek teu kintĕn-kintĕn. Djalma sakitoe lobana taja hidji-hidji atjan noe waniëun toeroen.

Tidinja koering maksa maneh toeroen ngawaskeun eta koeda, koe naon sababna noe mawi ngamoek; nanging teu mĕndak naon-naon.

Barang isoekna, dintĕn saptoe, isoek-isoek diilikan oeroetna, wĕt aja tapak maoeng ngintip koeda.

Parantos kitoe ladjĕng sadajana djalma-djalma ngiring djoeragan patih ngalih ka saoeng Gawan, bari ngabarantoen hateup bade ngahateupan saoeng Tjitĕngah.

Barang dongkap ka saoeng Tjitĕngah, pek njatjar deui sarĕng patĕpoeng sarĕng djoeragan wadana Tjibalijoeng.

Djoeragan patih ngabagikeun padamĕlan ka doewa wadana. Ari wadana Tjibalijoeng dibagian ngadamĕl doewa wĕlas kamar bade pangkoelĕman toewan-toewan, ari wadana Panimbang dibagian ngadamĕl bade pangkoelĕman poetri sarĕng kangdjĕng pangeran, dapoer, djamban sarĕng istal.

Dintĕn saptoe eta dangdosan parantos.

Teu lami deui ti saparantosna padamĕlan, soemping kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang, diiring koe djalma pirang- pirang. Ladjĕng paparijos ka djoeragan patih sarĕng ka djoeragan wadana, koemaha pĕtana hal ngala maoeng.

Doepi pioendjoek djoeragan patih: „Di dijeu, kangdjĕng toewan, teu aja noe jasa ngala maoeng, djabi ti Ki-Asdoera.”

Ladjĕng koering disaoer koe kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang. Saoerna: „Koemaha akalna ngala maoeng?” Pioendjoek koering: „Oepami aja maoeng ngahakan moending atanapi koeda, sok sering diwĕlĕngan.”

Tidinja kangdjĕng toewan rĕsiden Rĕmbang ngatoer ngadamĕl ranggon doewa belas, antjak doewa ratoes.

Barang parantos eta ranggon sarĕng antjak, soemping poetri, kangdjĕng pangeran, kangdjĕng toewan rĕsiden Bantĕn, kangdjĕng dalĕm, sarĕng toewan toewan noe sanes, diiring koe antĕnar-antĕnar, loerah-loerah sarĕng pirang-pirang djalma.

Reup sore malĕm ahad ladjĕng masangkeun ĕmbe sapandjang djalan, kalereun saoeng opat siki, kidoeleun saoeng lima siki.

Eta ĕmbe sawĕngi djĕpoet ditjangtjanganana.

Isoekna, dintĕn ahad, eta ĕmbe noe salapan aja keneh sadajana.

Malĕm sĕnen eta ĕmbe ditjangtjangkeun kidoeleun Tjitĕngah