Page:Tjarita Ki-Asdoera.pdf/16

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Barang parantos njatjar pisaoengeun, djoeragan patih nimbalan ka djoeragan wadana, jen eta djalma-djalma kĕdah dibagi-bagi: bade ngala hoë opat poeloeh lima, ngala awi salapan poeloeh lima, ngala hateup opat poeloeh lima, ngala tjaï lima; sasesana ngarala kai bade piadjireun.

Ari noe ngala tjaï dimandoran koe hidji hadji, wasta poen hadji Tarminah sarĕng koe lĕbe Bodjong Koneng.

Eta doewa djalma kenging milih.

Doepi noe ngala tjaï teja wĕleh, teu kenging tjaï, tina pĕrkawis disingsijeunan maoeng di djalan waktoe rek ngala tjaï di antara Tjitĕngah sarĕng saoeng Gawan; ladjĕng maroelang deui bae, oendjoekan ka djoeragan patih sarĕng ka djoeragan wadana, jen maranehanana disingsijeunan maoeng.

Lahiran djoeragan patih: Ajeuna montong ngala tjaï ka dinja; ka dijeu bae, ka kalereun saoeng Gawan mapaj djalan gĕde.

Ladjëng ngarala tjaï ka dinja.

Barang djalma noe ngarala hateup geus dongkap, ngoeninga deui, jen maranehanana dipĕgatan maoeng; malah meh teu kenging hateup. Doepi hoë, awi, hateup sarĕng kai parantos sadija, ladjĕng ngadamĕl saoeng.

Kintën wantji ngarangsang eta djalma noe keur ngadaramĕl saoeng disĕntakan maoeng bari gĕgĕroengan.

Gĕr bae djalma sakitoe lobana laloempatan, teu ngoeroes djoeragan wadana sarĕng djoeragan patih.

Anging koering pribadi noe masih aja di dinja.

Ladjĕng djoeragan patih miwarang koering ngadjaga ti wetaneun saoeng. Kakarek djalma-djalma waraniëun deui didaramĕl.

Kintĕn wantji tĕngari koering dipiwarang ngoekoes deui koe djoeragan patih; pek koering ngoekoes koeloneun djalan njanghareup ngoelon. Saparantos koering ngoekoes, bĕrkah, wiloedjĕng, teu aja kitoe-kijeu deui dongkap ka boerit. Noe didaramĕl sami djongdjon dongkap ka parantos eta saoeng.

Saparantos sadija eta saoeng, djoeng sadajana djalma-djalma arindit ngiring antĕnar-antĕnar moelih, sĕdja koelĕm deui di Djadjawaj.

Ari koering leumpang toeroet sisi djalan bae, ngadjaga djoeragan patih sarĕng djoeragan wadana.

Barang dongkap ka sisi lĕmboer Djadjawaj, loerah Tjigabig, wasta poen Saneh, leumpangna pangpajoenna.

Di dinja seg deui dipĕgatan maoeng, tanapi teu aja kitoe-kijeu; djalma-djalma kĕbat bae ngaboedjĕng pamondokan ka Djadjawaj.