Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde LVII.pdf/522

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Rĕg ngarandĕg di mega manoenggoel, dina pangeureunan gĕde, ngalirik ngetan.

Barang ningali ka handap, beh aja nagara ngalĕndong di tĕngah, egar di loearna, agrong di djerona: pantĕs koedoe geulis poetrina, gagah ponggawana.

Ladjĕng Raden Bagawat Imĕng Sondjaja sarĕng panakawan tea toeroen ti mega manoenggoel ka aloen-aloen.

Amprok sarĕng noe djaga lawang, djĕnĕngan loerah Kĕleng pangantjingan. Raden Bagawat Imĕng Sondjaja teh nanja ka ki loerah Kĕleng, saoerna: "ieu tĕh, nagara naon djeung saha noe kagoengan?"

Walon ki loerah: "ieu teh noe dingarankeun nagara Ramboet pala, ari noe kagoengan djĕnĕngan Raden Dĕmang Djajamantri, saderekna poetri Nji Amĕng Lajar."

Ladjĕng Raden Imĕng Sondjaja pĕrmisi ka ki loerah rek ngadeuheus ka noe kagoengan nagara.

Ti dinja indit disarĕngan koe loerah Kĕleng.

Ari Raden lmĕng Sondjaja asoep ka paseban tjalik dina lampit koening sarta ki loerah hatoeran ka Raden Dĕmang Djajamantri ngoeningakeun jen aja semah geus tjalik di paseban.

Sanggeus Raden Dĕmang Djajamantri ngadangoe pihatoeran loerah Kĕleng, geuat bidjil ka paseban sarĕng katingali semah teh keur tjalik dina lampit koening, ladjĕng Raden Dĕmang Djajamantri njaoer ka loerah Kĕleng, saoerna: "eta mah lain semah dore-dore, hĕnteu pantĕs ditĕmonan koe kami."