Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/604

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
There was a problem when proofreading this page.

tina panyakit sasalad, jeung di lian-lian désa, masing-masing kajadian, kabarna afdéling Lebak, leuwih kurang nu kabilang, sabelas réwu réana.

173. Sarta kajaba ti dinya, méh baé rék saheubeulna, kajadian lamun aya, hiji imah kahuruan, méakkeun saluar désa, tina sebab baléngkétna, susah metakeun tulungan, temah sumpes sadayana.

174. Saparantos kangjeng tuan, ngadangukeun piunjukna, sakumaha pihaturna, kangjeng bupati harita, najan langkung percanten, tapi tina bijaksana, acan ngajalankeun titah, héngga dimana heulaan.

175. Malah satahun heubeulna, marios jeung ningal-ningal ikumaha hal kaayaan, di tanah afdéling Lebak, niténan ku anjeun pisan, tahun dalapan puluh dalapan, kula meunang béja terang, dina hiji pakumpulan.

176. Berhimpunan sadayana, singgetna enggeus mupakat, peryogi dimimitian, diurus upama aya, hiji lembur kahuruan, kudu diatur sampurna, cara di tanah Priyangan, alus mani katénjona.