Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/130

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

beunta sarta awas. Ti dinja moelang; datang ka imah ragrag saoer, sakoer anak2 poetoe ti watĕs djeuna oelah rek mĕrgasa titiran.


3.

Tjadoe mĕlak sarta dahar hañdjĕli djeung ĕmbe hideung. Tjarita aki Soerawidjaja. Asal2 na djaman masih dahar hañdjĕli karoehoenna, kaitoeng kaja, ngaleuitan hañdjĕli. Dina sahidji waktoe istrina ka leuit rek njokot hañdjĕli, koe sabab adatna hañdjĕli tea lesang, barang ditintjak hañdjĕlina milĕj djalmana tilĕlĕp, kakoeboer koe hañdjĕli datang ka paeh. Lila teu kapanggih, reh waktoena ka leuit taja noe nganjahowankeun. Gehger leungiteun istri, kapanggih koe ĕmbe hideung ti kolong leuit, diletakan gĕtihna. Barang dioedoelkeun hañdjĕlina ti leuit, beh kapanggih istrina geus paeh. Tidinja ragrag saoer tjadoe dahar hañdjĕli djeung laoek ĕmbe hideung.


4.

Tjadoe dahar laoek loebang. Oerang desa Panjingkiran reja noe tjadoe dahar loebang. Asal2 na baheula karoehoenna dibĕlĕdig moesoeh, kapĕgat koe tjai gĕde, soesah teu bisa meuntas. Teu koengsi lila beh tembong aja tjoekangan sarta gĕde, sa-