Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/403

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

373

Toeloej ka seba deui koe paramantri.

Lila-lila, toeloej datang kai adjar.

Sa(oer) sangratoe: "soekoer tĕmĕn, kai adjar, datang. Reu(n)deu baän saha?"

Saoer kai adjar: "noehoen, bawa noe seba oerang noehoen, seba teh noe njaba bae ma(ng)ka ditĕda koe kaoela. (Toe)loej dipĕlakkeun koe kaoela: lawas-lawas ari tjoekoel, kahatoer ka sa(m)pejan".

"Kai (a)djar, ari kitoe, ngabaktikeun sesa".

Mangka sangra(toe bĕ)ndoe.

Saoer sangratoe: "patih, paehhan kai (adjar)".

(Mangka) ditjĕkĕl koe kai patih, dibaän ka rantja Tji(boengoer).

Saoer ka(i) adjar: "kai patih, hatoerkeun sa-

Fol. 16.

oer kami ka sangratoe, djadjaga ari boga deui seuweu lalaki nja eta noe dipaehhan teh".[1]

Toeloej ditĕlassan.

Ngala(m)bang beureum gĕtihna di ra(n)tja Tji-boenggoer, mana dingarankeun Ra(n)tja beureum.

Lawas-lawas sangratoe nga(n)dĕg.

Datang ka boelan(n)a, lahir; arina dibireungeuh lalaki.

Mangka diasoepkeun kana ka(n)daga kanjtjana reudjeung ĕ(n)dog sahoeloe, doehoeng sapoetjoek.

Toeloej dipalidkeun ka Tji-ta(n)doej.

Tjaritakeun deui Nini berangngantrang, Aki berangngantrang.

"Nini, hade tĕmĕn i(m)pijannaing[2] ngi(m)pi kagoe(n)toerran mannik katjaähhan mirah".

"Aki, soegan sa(ä)pan oerang meunang kirim ai pianak-anakkeun".

Isoek-isoek los ditejang, nagĕboer kandaga ka(nj)tjana njorang kana sa(ä)pan.

  1. Er. staat tah.
  2. Lees: impijan aing.