Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/399

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

369

Toeloej tapa di goenoeng Boeligir poetih, dibabar bawana: mana aja Bwana lamba.

Toeroen ka goenoeng Dapang, moeroeb-moetjar[1] pakatonan di djagat paramodita, disoejoedan koe sadjagat kabeh, saloemahhing[2] boemi sakoerĕbbing langngit.

Mangka bi-

Fol. 11

reungngeuh koe Darma siksa.

Toeloej diparanan koe Darma siksa, djadi sastra[3] doewa poeloeh.

Toeloej dibikeun ka daleum dajeuh.

Dihatoerkeun deui ka poetrana kabeh.

Mangka kabedjakeun ka sabrang, ka nabi Ĕnoh.

Saoer nabi Ĕnoh: "alam[4] doenja kakeuëum, alam doenja pada paraeh, alam doenja noesa Djawa weuteuh".

Nabi Ĕnoh miwarangan seh[5] Madjoesi.

Saoer nabi Ĕnoh: "watĕk eta, seh, lĕbak karagragan tji banjoe ĕloeh, mana djoemĕnĕng Ratoe Galoeh".

Mangka seh Madjoesi doedoekoeh di Masigit watoe.

Mangka sangratoe ngadjĕnĕngkeun papatih opat noe natakeun sakabeh.

Didjĕnĕngkeun Alam Daoer noe natakeun djalma kabeh; didjĕnĕngkeun Dewa goeroe noe natakeun di djĕro dajeuh, Darma siksa noe natakeun di karaton, Ĕmpoe Gandjali . . . . . (hiaat).

Mangka oerang noesa Djawa pada soe(djoe]d ka goenoeng anteg didjieun[6] pamoedja-

Fol. 12.

än.

Mangka katingallan koe malekat jen roeksak oematna kabeh

  1. Heden moebjar; eehter meer onde teksten hebben moetjar.
  2. loemah - ligr begraven, synoniem met koerĕb.
  3. Op dja disastra?
  4. Er staat elam.
  5. De helft van de e optbreekt.
  6. Er staat didjeujan.