I.
ANECDOTEN EN FABELEN.
1.
Aja hidji djalma kèrè, baramaèn ka mènak, anoe kur tjaralik. Ari omongannana matak karoenja, sarta bari tjurik, sarta ditètèlakun kamalaratannana, djung boga kasakit dina awakna. Kadangoe koe noe tjaralik, sarta ménakna langkoeng-langkoeng karoenja, sareng ladjeng maparin doewit. Tu lila noe baramaèn tèh toeloe) halik, tapi koe noe tjalik dipiwarang ditoetoerkun, sarta téndjo kasakitna bohong atawa hentu, kitoe dui kamalaratannana.
Gantjangna pèk ditanjakun koe pandakawan, sarta ditasir, dina saloewar awakna hadè. Ari pokna pandakawan: Awak manèh hadè kabèh, tu aja kasakitna, djadi omong manèh boga kasakit tèh, bohong baè. Ki kèrè ngawangsoelan: Bener saoer sampèan kacela bohong, sabab tu katingali kasakit kaoela koe sampèan. Karana kaoela tèh njaksrak dina saloewar awak, asoep kana toelang sareng kana soengsoewam, noe matak kaoela tu bisa digawè. Ari tjèk noe ngangaranan mah, kasakit moemoelan digawè.
1