Page:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

djeunna- sok ngarang boekoe-boekoe keur ka Balè-poestaka sapertos perkawis perdjalananana ka Eropa, sareng sok njalinan karangan Boedjangga Hindoe Rabindranath Tagore, sareng tina karangan R. M. Notosoeroto, disalinna kana basa djawa.

Estoening matak kagèt ari ngemoetkeun kana kaseukeutanana, rèh pilakadar kaloearan sakola handap, tepikeun ka iasa njalin gedichten (basa dangding) anoe sakitoe loehoerna sakitoe baranggana, toer keuna sarta katepi rasana. Kadjabi ti kitoe tèh deui èta matak hèran koe anganggona, ahli toetoeloeng teu aja djegikanana, pikatjonggaheun noe lian, sarèhsèh goembira salalawasna. Nalika nja salah saoerang rèntjang diadjar, oerang dieu, anoe kawen èksamenna, andjeunna anoe geus gentèng kadèkna legok tapakna, iasa moekproek ngahoedangkeun eui napsoena èta anoe keur kataradjang liwoeng, nepi ka ladjeng kersaeun ngawanohkeun andjeun ngiring deui diadjar, ja doegi ka hasilna kènging èksamen dina taoen pajoenna.

Nalika aja geundileung-geundjleung perkawis badè ngajakeun Militie pikeun oerang priboemi, geusan pangdjaga tanah Hindia, diwawar boh koe lisan boh koe serat-serat kabar, djadi toengtoeng tjatoer sadajana. Oerang dieu anoe keur djaladjar di nagara Walanda tèa ogè henteu tjaritjingeun, nja R. M. Notosoeroto sareng R. M. A. Soerjosoeparto pada-pada henteu rerempoegan heula, laddjeng maoendoet djadi Militie, tina arandjeunna katjida sapoekna kana èta atoeran, sakalian bari nèmbongkeun wadjih sarta ka boehoeanana Vorstenlanden ka Paamarèntah Nederlan.

Pikeun lebet kana Militie tèa kedah aja aidin ti Minister van Kolonie sareng ti Seri Maha Radja. Ieu ogè poetra Hindia ande doeaan tèh ladjeng ngalebetkeun ioendjoek deui sarta dikaboel teu aja wagelanana.

Kawadjiban sareng katoehoean R. M. A. Soerjosoeparto tea henteu dimomorékeun koe Pamaréntah, boekti dina pangungken anoe ti loehver, nadjan andjeurma teu ka goengan diploma anoe ninggang kana ka- mistian djadi opair, tapi teu boeroeng diangkat kana eta kapangkatan. Sa- reng aja deui margina ande sanès, anoe ditjileuk koe andjeunna pang lebet kana reservekader.

Moenggoel pikeun salirana, sanes ka loearan sakola loehoer, teu diploma-diplo- ma atjan, ajeuna iasa senang sareng asa geus teu aja pikaharinghangeun. Nanging kitoe deui henteu pisan mastikeun, naha èta sang kalaraan sareng sang kabalang- sakan, anoe tadi kakara alaloendoer tèh ti wangkid andjeunna didjoengdjoeng kana Djoeroe-basa Djawa tèa, enja bakal sala- lawasna anggang tina salirana, moal nga- goda Laralik deui tjara tadi.

Deparni andjeunna iasa ngoedag pang- kat opsir tea, nembê bakal reugreug pa- geuh moal dirèwong koe kahariwang, sar- ta bakal aja tanggetan geusan dialan ki- pajah noe tangtoe. Sarta aja kersana eng- kè dimana geus moelih ka lemah tjaina baris nembongkeun boekti ka perang Dja- wa, jèn di nagara Walanda ogè, oerang bisa meunang gawè dina roepa-roepa ka pangkatan. Dalah salirana koe andjeun ande teu ngantongan piagem, ngan koe lantaran teroes diadjar, teu boeroeng kè- nging pangkat anoe loehoer, tanda jèn di nagara Walandana tèh hnteu gaplah moe- bah teu poegoeh.

Kabiroejoengan koe wahjoe, nja laksana tèa lasa djadi opsir. Ajeuna andjeunna ma- joenan deui damel anoe obat pisan. ngan sanès abot koe koerat-karèt masakat tjara keur ngamagang téa, ieu mah karípoeh salira ngalakonan kamilisian.

Anoe henteu biasa mah nganggo sapatoe soldadoe, anoe rebèh mèh masagi, koelitna rarengkeng kendewil, mangkaning mang sanés djam-djam dipaké diadjar baris, siksaan loeloemajanan.

Nanging dasar djelema tawekal teu ara aral soebaha, sanadjan sakitoe djoengkrang djingkroeng téh, hih teu welèh goembira, ari soemping mentas baris tèh koedoe baé bari hahariringan. Soemping-soemping ka

boemi di Regiment Grenadiers di Resi-

39