Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Tah kitoe sasakalana. Geura mangga bandingkeun sareng Sangkoeriang di oe­rang, kapan sapatotos naker, pada hal Bandoeng djeung Tjisanggaroeng sakitoe tebihna.


Panaloengtik kaajaan oerang Diawa djaman koena.


Kalemesanana boedi atawa kaadabanana (beschaving) oerang Djawa dina dja­man koena, béda pisan atawa lain-lainna deui djeung djelema-djelema anoe njari­tjingan poelo-poelo sédjén di ieu kapoelo­an; saksina anoe njata baé geura tétéla dina adegan-adegan patilasan, barang pakakas djeung paparabotan anoe ajeuna kapanggih oeroet baheula téa, nja kitoe deui tina boekoe-boekoe paririmbon-paririmbon (Litteratuur) anoe diarampihan kénéh koe oerang dieu. Oerang kapoeloan lian mah anoe ilahar diseboet oerang Loe­ar P. Djawa téa (kadjaba oerang Soematra djeung Bali, anoe loeangna réa sapa­godosna kadjembaranana djeung oerang Djawa), ngagemna élmoe kaindonésian téh ngan tepi ka mangsana bangsa Walanda daratang ka dieu. Ari moenggoeh di oerang Soematra, Djawa djeung Bali éta élmoe poesaka kaindonésian téh kalambon koe pangaroehna élmoe anoe lian, baba­koena pangaroeh Hindoe (Voor-Indië).

Tapi saméméh oerang naloengtik naon pangaroeh-pangaroehna panglambon téa, oerang merloekeun heula ngadadar boeng­keuleukanana élmoe poesaka indonésia sa­djati; anoe goemelar saméméh karoeng­roengan oerang Hindoe.

Karéréanana djelema baroga pangira, jén priboemi oerang Hindia (indonési) téh, padjar pitoein asal bibit-boeit oerang dieu; tapi anoe saenjana éta téh lepat, sanés kitoe satemen-temenna mah. Anoe ajeuna disareboet oerang Indonési atawa anoe ngangken djadi oerang Hindia téh, ari saenjana mah asal boeniaga, djelema anoe ngaloembara ti Hindoe-toekang (Achter-Indië) nja éta ti Annam, Kam­bodja, Cochin China. Éta djelema-djelema ti tempat-tempat anoe diseboet bieu téa pada loenta atawa mentjar ti nagarana, ingkah ka tempat lian, paboerentjaj ka oenggal poelo Indonési sarta réa anoe ngarendek boeboeara di dieu deui, bebe­nah geusanna soeka betah, toeg tepi ka kiwari. Tangtoe pisan aja ari anoe djadi marga lantaranana mah, pang maranéhanana ingkah mentjar ti nagarana téh, tapi iraha éta téh waktoena, moen taoen, taoen sabaraha, moen windoe windoe mana da­ratangna ka dieu téh; tah éta teu atjan aja anoe netepkeun.

Noemoetkeun pamendakna Prof. Kern, hidji boedjangga anoe geus kawen­tar kaloehoenganana, ahli ngoelik ahli na­loengtik kaajaan Djawa djaman koena, koe lantaran koe andjeunna geus di banding-bandingkeun basana dje­lema-djelema di kapoeloan Hindia (Indonési) djeung basana oerang Hindoe-­Toekang (Achter-Jndië) téa, iasa ébréh njata kaoeninga, jén oerang dieu téh (oe­rang Indonési) lemah-tjaina asal mah nja geus moal gagal ti Hindoe-Toekang téa.

Nja kitoe deui koe andjeunna geus kaoe­ninga, kapapaj raratanana nilik tina ke­tjap-ketjap anoe aja dina dadasar basana oerang Indonésia téa, tangtos oerang dieu téa, geus ti djaman koenana moela, dja­man keur aja kénéh di lemah-tjaina asal téa, geus barisa kana padikana djeung ngokolakeunana beusi, sarta njata djadi djalma saba laoet tabah kana lalajaran. Malah roepaning pepelakan, kajaning: tiwoe, tjaoe, kalapa, awi, djeung paré, éta lain loma anjar-anjar djeung oerang dieu téh, tapi geus djadi banda ti alam koena ti alam oerang Indonési hiroep koemboeh kénéh baheula di lemah-tjaina téa (di Hin­doe-Poengkoer). Doepi patokan tjoektjroekanana Prof. Kern tina poko ieu:

Oempama aja hidji perkana atawa naon baé anoe aja dina basa digambar koe ketjap, anoe sadjangkar ajana dina sagala roepa basa Hindia (Maleis-Polijnesiese talen), koe oerang prak diroetjat, noeroet­keun oegeran robahanana engang djeung aksara, dina éta basa-basa téa, engké tangtoe kaoeninga, jén éta ketjap-ketjap téh, lain titiron beunang toetoeroeti ti ta-