Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/6

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Si Belang wayungyang anu kabeneran harita keur ngaloher deukeut tihang papanggungan, dadak sakala curinghak geuwat ngorejat, ngadenge aya basa: mun lalaki di pisalaki “ ; henteu diengkekeun deui, kop bae toropong teh di cokot, kalacat manenha unggah kana taraje, sok toropong digolerkeun di gedengeun Nyi Putri.

Barang ret katingali ku Nyi Sepirasa, Si Belang wayungyang nyodorkeun toropong, bungah kasawur ku reuwas, pok sasauran; “Aeh kutan si Belang, anu hideung mangnyokotkeun toropong aing teh, sukur, jig ka ditu geura turun deui!“

Tapi Si Belang Wayungyang welèh teu daèkeun turun, disi-si disina nyingkah kalah kupat-kepot buntutna, anggur nagog campego melong Nyi Putri.

Ku Nyi Sepirasa nya lila-lila mah teu dipirosèa sarta tina teu kawawa ku nah­nay, turug turug datang tunduh nga­dak-ngadak, gelèhè baè anjeuna ebog deukeut tinunan tea.

Barang kanyahoan ku Si Belang wa­yungyang Nyi Putri geus kulem nya manèhna nagih janji lisan nu geus kedal tea.

Sepirasa reuwas koréjat gugah. Si Belang wayungyang digebug ku barera, datangka ngajoprak getih ulawèran, teu bisaeun hudang deui. Nyi Putri ningali Si Belang arék saka­rat, tjileuk-tjileuk kiceup matana nan­dang kanyeri, ngahelas manahna watir, ras èmut kana takdir salira, geus karsana nu kawasa, geuwat anjeunna nyandak cai pangulas tinun, cur dibanjurkeun ka Si Belang.

Harita kènèh cèrègcèg baè Si Belang Wayungyang waluya deui.

Teu lami antawisna ti harita Nyi Sepi­rasa ngandeg, sarta barang geus dongkap kana bulanna, gubrag babar putrana pameget, mulus taya kuciwana, dipa­parin jenengan ku ibuna: Radén Suwangrasa.

Murangkalih morontod tèrèh ageung karesepna kana moro, ngalalawak atawa nganjingan, Si Belang wayungiang teu­ing ku pureut, uncal ranggah tèh ngan sagawawak~sagawawak.

Sato leuweung méh tumpur tina pu­rugna Ki Paninggaran, kabiruyungan ku bangènna perbawa anjing.

Dina hiji mangsa maung banténg ba­dak uncal, puguh deui ari peucang jeung mencek mah, sesa si Belang wa­yungyang tea., kumpulan pada narea­ngan tarèkah, sangkan bisa nyirnakeun mamala, maehan si Belang wayungyang.

Sato anu galede geus ngabuntut bang­kong, teu untupan ngalawan anu saki­tu digjayana, ngan aya hiji peusing anu boga hojah, sanggup metakeun a­kal rneunangkeun si Belang, sok mun manèhna dijadikeun raja. engkè dimana geus laksana tarèkahna.

Pamenta peusing karempugan ku sa­rerea, yen bakal dijenengkeun raja leu­weung, nadjan saenyana ku nu lian pa­da nyacampah, yèn taya petana sato kitu udeg bisa meunangkeun anu gagah per­kosa.

Ti peutingna peusing tèh ngaliang deu­keut tihang papanggungan Poetri, bari ulak-elok ngagagalak si Belang.

Anjing têh ningal sato sakitu sara­kahna, make los-los ka lebah dinyà, hartiwangeun pisan, aya timburu bisi jeung bisi, inggis aya matakna ka anak rabina.

Ku sabab eta dihaben digogogan, sapeu­ting di ejeput teu eureun-eureun; ari rék dikerekeb teu beunang, kawantu di je­ro liang.

Isoekna Radèn Soewangrasa gugah, rada bendu ka Si Wayungyang pedah manting teu aya reureuhna, teu puguh anu dipanting. Kawuwuh-wuwuh ari jung bade dicandak moro, anjing tèh kalekèd naker nyorèang baè ka tukang rnalah seuseut daèk, mun teu digusur mah. Di pamoroan teu soson-soson cara biasa, manting teu kaur ngorèlèng rnalik ka tukang. Atuh anu moro teh nyamos da anjing njusudna teu kebat.

Tina benduna ten antaparah deui habek baè Si Wayungyang ditilas koe pedang paèh pada sapisan. Tamba mulih lengoh isin ku ibu, anjing teh dicandak atina dipagarkeun ati mentjèk, disanggakeun