Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/4

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
  1. Poetra ditoendoeng, aja tjéda tapak nakol dina mastaka. Poetra ngalalana djadi sakti.
  2. Poetra kapintjoet koe iboe. (Aja anoe koengsi saloeloet djeung iboe, nepi ka poepoetra, aja noe henteu).
  3. Iboe pangling ka poetra.
  4. Iboe moendoet tandjakan, moendoet sitoe keur lalajaran sing anggeus sapeuting.
  5. Koe tarékah iboe, anoe keur nambak asa kasiangan, teu koengsi djadi salaki.

Tah kitoe ringkesna anoe djadi galoer mah.

Lalakon Sangkoeriang moal didadar deui di dieu, ngan perloe kaoeninga sasakalana Tjisanggaroeng wates Tjirebon djeung Tegal, anoe sami pisan sareng sasakala Bandoeng, ngan bénten ngaran baé woengkoel, nja éta pisaksieun anoe parantos didadar di loehoer téa.

Kieu sasakalana.

Katjarioskeun alam Galoeh ngadeg karadjaan, anoe djoemeneng Adji kakasihna Praboe Moending Kawati, radja adil palamarta kawentar toweksa ka noe ti handap, asih ka djalma noe leutik. Dina hidji mangsa Kangdjeng Radja ngersakeun boeboedjeng ka leuweung diiring koe para mantri ponggawa, sakalian bari badé soekan-soekan matjangkrama, njandak gamelan djeung najagana sagala, geus komo deui ari katoeangan-katoeangan mah mang poeloeh-poeloeh dongdang, djaba sampakan pamoendoetan.

Nanging anéh pisan di pamoroan anoe sasari oentjal sok rajap, banténg katémbong naloenggiring, rendang kidang di boeboelak, harita mah noedjoe soewoeng henteu mendak peutjang-peutjang atjan. Legig rawoeh toekang ngilang loegah-ligeuh tanpa polah, pamatang pating haroeleng, paninggaran bati rahoeh hoemandeuar, réh weléh teu pisan ningal oedageun. Kangdjeng Radja nitih koeda oebek-oebekan di leuweung nanging teu ningali oentjal sasab-sasab atjan. Barang keur moedoen ka papanggoengan dina lamping hojong kahampangan, loengsoer tina koeda béh mendak doewegan geus kosong, kawas oeroet paninggaran.

Panganggoeran kahampanganana ditandéan koe doewegan téa. Anoe moro teu lami ladjeng boebar. Kandjeng Radja moelih ka nagarana.

Katjarioskeun doewegan anoe eusi tjikahampangan téh kapendak koe bagong bikang ngaranna Tjéléng- goemaloeng. Koe margi tadi mentas diboeboerak diaroedag-oedag koe pamatang noe kabarangsang moerang-maréng pédah teu meunang oentjal, man’ehna katjida hanaangna, toehoereun tikoro bawaning koe hajang nginoem, ajeuna béh manggih doewegan, atoeh teu kira-kira boengahna, geuwat bae diinoem nepi ka béak pisan.

Kersa Déwa noe kawasa, Nji Tjéléng-goemaloeng ngandeg, sarta barang tepi ka waktoena borosot ngadjoeroe anakna teu ngala ka indoeng, ieu mah babaji boedak awéwé geulis lain loeloemajanan.

Nji Tjéléng-goemaloeng boengah tanpa wiwilangan ningal anak mangroepa manoesa, toer sakitoe geulisna, nganoehoenkeun kana kersana noe Maha Koewasa.

Waktoe éta moerangkalih dibabarkeun, ti Kahijangan loemoengsoer para Widadari, badé ngarasanan noe nembé gelar ka doenja, metakeun talari pamoelasara baji. Malah saladjengna ogé tepi ka moerangkalih joeswa 7 taoen teu anggang ti pangaping para Widadari téa; nji Poetri didjenengan Déwi Sepirasa.

Barang Nji Poetri geus ageung, sering huleng djentoel bangoen aja kabingoeng aja anoe dimanahan. Nji Tjéléng-goemaloeng teu ngeunah rasa ningal poetra siga noe ngandoeng kabingoeng, énggalna koe manéhna ditaros: „Eulis, koe naon eulis téh sok hoelang-hoeleng kawas-kawas aja kasoesah? Di deuleu-deuleukeunana koe ema, bet henteu bérag tjara sasari, ajeuna mah ari braj beurang téh bet soek moeroekoesoenoe teu hégar tjara biasa. Hojong toeang naon eulis téh, keun koe ema dipangalakeun!”

Nji Poetri Sepirasa ngawalon ka iboena: „Hih, lain aja kahajang ema! Saterangna mah enja koe koering téh aja anoe eukeur dipikiran. Eta ema, koering