Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/15

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

hideung anoe didjepit koe pasmen, samping songkêt soetra, dikoeloek, make keris doea anoe hidji disorèn, anoe hidji deui disorèndang, saloeareun badjoe hideung tea make badjoe taratê, dikongkorong dinar, make disalindang tjarètjèt beureum anoe digagantelan koe 2 tjepoek wadah lepit tea, disampajkeun kana taktakna beungeutna konèng koe atal. Djoeng ka masigit dipajoengan sérét.

Tapi eta pangantèn têh lain pangheulana mah anoe djadi wali, dipajoengan didangdanan deui Ari dangdanana anèh, sirahna dipapaesan koe majang djambè, daoen poering djeung kembang wera, lamoen pangantèn awèwé parawan.

Balik ti masdjid pangantén lalaki dipapag koe pangantên awèwe, geuwat indoeng soekoe lalaki digesek koe karèmbong awewe, ari sabot kitoe lalaki njaboet boeoek awèwè salambar.

Panganten awèwe ogé beunang ngadangdanan, make siger, make rembjong-rembjong moeté djeung gedah, samping songkét, badjoe renda bodas, kilat bahoe, kongkorong djeung kangkaloeng.

Brak hadjat ngarioeng tapi koedoe bae ngaheulakeun dahar angeun samakbroek, anoe diangeunn taleus, ditjampoer moeroetjoe (tjaoe manggala ngora) make laoek tjai saeutik. Iieu têh teu meunang euweuh, djadi poko anoe djadi toembal.

Soréna koedoe diarak tea. Papakean pa- nganten lalaki diganti Dibadjoe kaos make kilat bahoe, make koeloek, ditjalana hideung djepit pasmén, ditaroempak. Ari awewewe mah tjara tadi bae.

Gék direndengkeun djeung panganten awéwé dina bendi atawa kareta sewa, bring iring-iringan. Satoekangeun bendi pangantèn, diiring koe ,,kasinoman” diseboetna, nja eta awewe-awewe landjang djeung randa aja lawena, tampoIana leuwih beunang maridang, sirahna pinoeh koe kembang, pinoeh anoe tepi ka njamboeang tea, digeloeng malang kabèh, sarta marake karembong, parawan ogé ajeuna mah dibaradjoe,

Kasinoman tea dihapit koe bandera, ditema koe gotongan pelog, ajeuh-ajeuhan ngoeriling ka aloen-aloen, koedoe bae njimpang heula ka kawadanan, “ngembang” tjenah.

Tapi lamoen anoe kawin tea toeroenan atawa baraja koewoe Boelak djeung Koewoe Ilir, aja tambahna diseboetna : ,,ngembang poleng”.

Nja eta dina diarakna panganten koedoe marake samping poleng. Panganten awewe make apok, dibeubeur soesoe koe soetra tjinde, geloeng njambung koe kembang.

Anoe djadi kasinoman kabeh koedoe disamping poleng deui, mimiti Nji Koewoe ditema koe pamadjikan parentah desa sedjen teroes ngataj tjara noe oraj-orajan lain ngabroel tjara kasinoman biasa, aja kana opat lima puluhna awewe beunang maridang sataker tanaga, saaja aja dipake, nini nini oge digeulang dikongkorongpoegoeh deui ari ali mah reuntjeum, teu aja ketjap beberendjen di dinja mah, kabeh ditioeng koe karembong anoe sapotong disalindangkeun. Sapandeurieun awewe ditema koe lalaki, nja eta pangheulana Koewoe noengtoeroen tjara atoeran awewe tea ngantaj deui, ngan badjuna mah ieu diatoer.

Djeung koedoe bae make roepa-roepa boeboeronan oentjalan, koekoedaan, moemoendingan gaganti djampana keur ngagotang boedak soenat, aja gotongan djampana anoe eusina toempeng djeung doewegan.

Bebegig djeung badawang tara tinggal. Sarta saheulaeun iringan tea koedoe make lawe rontek.

Ngarakna ngoerilingan aloen-aloen, sanggeus meunang tilu koeriling sindang ka kawadanan ngadon narongton topeng beunang ngahadja teundeun maranehanana, lain tanggap noe djadi wadana. Engke dimana geus reureuh breng ngarak deui ngoerilingan aloen-aloen opat koebengan deui, da koedoe djedjeg toedjoeh koeriling.

Ti dinja mah toeloej maroelang bae.

Ari ngandangna ka baraya-barajana atanapi ka kawawahoen-kawawoehanana ana rek kariaan teh, sanes koe serat tjara di oerang, tapi tjara balangan di Banten mah kenging