Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/13

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toemaros.

Tumaros ka sadaya para juragan anu nembé dideuheusan ku ieu Pusaka Sunda, naha parantos diaos piunjuk anu kaungel dina jilidna ieu P. S. kumaha kinten-kinterina?

Dina nyolèdatna tea, mugi enggal diwangsulkeun deui ka Salemba Weltevreden.

Upami teu diwangsulkeun, baris ladjeng diangken ngalanggan, ipekahna f 3. satahun, kedah dikintunkeun ayeuna-ayeuna. Nya kitu deui ka sadaya langganan lami, supados enggal maparin pangbayuna sakumaha biasa tea.


Ngajajah tanah Pasundan.

Urang tèh jarah ka Pamijahan pa­rantos, mangga ayeuna mah memeh ka Godog urang angkat heula ka Kandang­haur Dramayu, geura seueur naker anu aneh-aneh, sugan hoyong ningali adat pratingkahna urang dinya.

Mangga. Bade dijejeran deui ku Juragan A, Soewardi, sapertos ka Su­ka urip tea?

Hih sanes! hanjakal Juragan A.Soewandi mah keur rèpot, seueur damel kawasna?

Kumaha tebih ti pakemitan Kandanghaur ka anu bade ditingali tèh?

Di Pakemitan pisan; urang ningali­keun ti Kawadanaan baè, da di alun-alun tingalieunana oge

Tah ieu pakemitan teh desana opat. A­tuh ieu kawadanaan dèsa Bulak, beulah Kalér dèsa Pangganitan beulah Wetan dè­sa Ilir, beulah Kulon desa Girang. Geura tuh tingali jelema-jelema tèh kabaheu­laan keneh papakèanana atuh nya samping tinun baju tinun baè, awèwèna baju salontreng tinun anu siga toro tea, nanging ari anu teu acan boga salaki mah, barudak parawan, teu ara dibaju salamina ogè, kitu bae buligir, su­su ka mana mendi, teu èraeun teu kua teu kieu. Ari itu anu ngagunduk dina sabuk awéwé, eta tèh cepuk leutik. Sa­dajana eta teh marawa cepuk diselap keun dina beubernna, kolot budak tara tinggal, eusina lepit dua tilu, bekelna. Ari ngaromongna Sunda, tapi teu aja le­mes-lemesna, ceuk urang mah cohag, ka ieu ka ieu ogè basa kasar bae, ka anu jadi Wadana nya ngaing, kami baè, ari nyebutnä wa atawa ua minangka hormat­na; ka Camat: wa Siten; ari ka Wadana, ayeuna mah geus nurutan sèmah nyebut ,,bendara”, tapi ditambahan kenéh baè ku ua tea, ua bendara. atawa bendara bapa. Kecap-kecapna rêa anu bènten sareng basa Sunda di tempat sanès, sapertos: tin = endog, ka iceu= ka dinya, kotok = hajam, beuteung ngeusi = mentas da­har. sèwet = samping, lisung = lisung, si enang = budak lalaki, si eneng = nyai (ka budak awèwè), sareng seueur-­seueur deui.

Engkè wengi urang ningali janingan.

Ti awit ping 7 dongkap ka ping 17 ung­gal sasih, nyaeta dina mangsana keur caang bulan, sadaya parawan sareng ja­jaka tungkeb ka alun-alun, tabuh 9 teh parantos noyek sabaturna-sabaturna, pating rariung sagunduk-sagunduk, aya anu aleut-aleutan baè, awèwè pada awe­we lalaki pada lalaki riunganana, sarukan-sukan ararotél sempal guyon, parawan jeung jajaka tea, silih tepak silih to­el, silih ciwit silih jembèl, silih ke­njang silih udag, rupa-rupa tingkat pamolahna teh. Kinten-kinten tabuh 11 wengi, buriak baè budal baralik ka sai.mah-imahna, teu aja anu tinggal sapo­tong-potong acan.

Atuh peuting isukna der deui baè ca­ra tadi, eta mah dongkap ka ping 17 tea, teu aya pisan towongna name baè najan teu aya tatanggapan ogè. Ari eta da­tangna kana jaringan teh dititah ku ko­lot, dikudukeun malah, teu nyaho usum caah teu nyaho naon, dibèlaan papara­huan, bawaning ku merlukeun, karepna lain lalajo da teu aya tatanggapan teu aya nanaon, nyaeta nèangan pijodoeun.