Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/10

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

tanggana téa, tapi pada éstoe anoena saroea sadjangkar saréréa, geus aja sarta djadi bangsana dina alam hiroep koemboeh di lemah tjaina téa; sarta éta djadi tanda jén maranéhanana harita geus njaho kana naon-naon anoe aja ketjapna téa, boh perkara, boh sato, boh tatangkalan atawa pakakas-pakakas noe lian, da moal aja basana, moen teu aja woedjoed atawa atjan kanjarahoan barangna mah.

Tah ningal ka dinja oerang bisa terang jén bangsa Indonési téh, waktosna ngamimitian ngaloembara rék boeboeara didieu, geus pada baroga kaadaban (beschaving) bawa ti balina geusan ngadjadi téa. Sanggeusna batjatjar didieu, aja anoe njaliara di Soematra, aja anoe di Djawa, aja anoe di Borneo, Selebes dj. s. t. éta kaadabanana (beschavingna) téa toemoewoehna henteu rampag, henteu saroea madjoena, aja anoe djembar tambah loehoeng, aja anoe keri mérékététét, noemoetkeun koemaha kaajaanana di hidji-hidji poelo téa, nepi ka ahirna oerang poelo ieu leuwih palinter leuwih pangabisana batan oerang poelo lian. Pisaksieun kana katrangan anoe bieu, kawasna bisa ditétélakeun koe hal oerang Hindoe waktoe daratang ka dieu. Oerang Hindoe téh di dieuna ngaroeroek di tempat anoe kapilih kaadabanana mingper-mingper kana kaadaban Hindoe, lain sagawajah darapon tjlé milihna geusan ngantjik téh, da ari di nagara anoe teu mantra-manta ka maranehanana mah kawasna soengkan lana misanakna ka priboemi téh.

Ka-beh-dieunakeun bisa kataloengtik bisa katjroektjroek deui pangna kaadaban Hindoe gampang nerekabna, babari njerepna sarta katadah bisa kawadahan koe waroegana oerang Soematra Djawa djeung Bali téh, nja éta pédah oerang dinja geus kasampak djalembar kabisana, geus moeka akalna ti babaheula.

Lian ti éta geus kapapaj deui, jén oerang dieu téh geus ti djaman koena kénéh tararabah kana njoesoek, ketjap-ketjapna pikeun kana atoeran irrigatie-sijsteem (irigasi), geus baroga geus aja ano toelén basana pribadi. Éta djadi tanda jén oerang Djawa mah njahona sarta tabahna kana njawah lain ti Hindoe, tapi geus béh ditoeeun alam Hindoe kénéh. Dina basa Indonési kapendak ketjap-ketjap ngaran roepa-roepa kapangkatan pagawé nagara baheula, anoe kapapantjénan gawé toedoeh tjangkingna hidji-hidji prijaji: éta djadi tanda, jén harita geus bisa ngaheujeuk dayeuh tararabah kana atoeran pamaréntahan nagara. Harita geus aja kota djeung nagara anoe aloes atoeranana (goed geordende staat).

Anoe mimiti karoengroengan Hindoe, nja tanah Djawa beulah Koelon. Di wewengkon Bogor di pagoenoenganana, ajeuna kapendak batoe-batoe patilasan baheula, anoe aja toelisanana aksara Pallawa, nja éta aksara Hindoe-Pajoen baheula (Oud Voor-Indies schrit), malah basana ogé nja basa pamaréntahan oerang dinja deui, nja éta basa Sanskrit téa.

Tapi ari tétéla mah katrangan anoe aja dina toelisan éta batoe toelis téh, henteu deui. Anoe koe oerang kapendak didinja, njarioskeun: Aja radja anoe kawasa djenenganana Poernawarman, njepeng karadjaan Taroema (Waloengan anoe ngocor di éta karadjaan, tepi ka ayeuna tetep ngaranna Tjitaroem). Dina salah sawios toelisan baheula téa, kaoengel jén Kangdjeng Radja (Poernawarman téa) nimbalan njoesoek ngadamel irigasi; ieu djadi saksi jén oerang Hindoe di dieuna sanés ngadon sindang geusan saheulaanan baé, tapi boeboeara ngaloembarana téh matoeh bebetah ngagoear tanah.

Batoe-batoe anoe aja toelisan téa kapendakna sadajana tebih ti basisir di tatar darat pagoenoengan; éta oge djadi tawis jén sémah téh karep kana ngageugeuh.

Tapi koemaha oerang bisana nangenan jén éta batoe-batoe téh anoe pangkoenana di antara anoe aja di P. Djawa, da sadajana ogé teu aja titi-mangsana anoe koe oerang beunang ditjekel? Ari anoe djadi katrangan kana oemoerna éta toelisan dina batoe-batoe taja lian ngan aksarana téa baé woengkoel, aksara Pallawa téa.

Éta aksara dianggona di Hindoe-Pajoen beulah Kidoel djeung beulah Wétan. Oepami prak ajeuna oerang dibanding-