Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

koe talari boehoen, pasesaan agama anoe ti heula tea.

Tah dina lebaran oge kawasna nja kitoe.

Geura oerang berendelkeun sadajana kabiasaan anoe patali sareng lebaran tea, anoe sok kalampahan keneh ajeuna.

1. Mamaleman; oenggal malem likoeran gangsal koedoe bae dileuwihkeun ti biasa. Raang sarera njareungeut damar di tepas, di boeroean malah aja anoe di kebon nanaon. Anoe baroga mah merloekeun njadiakeun kadaharan keur hadjat, atawa anteurkeukeun ka masjid atawa ka tadjoeg. Baheula di kota-kota menak-menak sok bagilir malemna. Malem salikoer di Panghoeloe, tiloe likoer di kapatihan, malem salawe di kapboepaten, sareng saladjengna. Ngan sanggeus nindak djaman tigerat eta adat di toenda koerang pakeunna, meureun.
2. Piisoekanaeun lebaran, tanggal 30 poeasa, diseboet poean meuntjit. Oenggal imah koedoe bae peupeuntjitan, apesna pisan hajam, anoe baleunghar mah embe radjeun moending atawa sapi ; komo ari di kaboepaten-kaboepaten mah.
3. Dina memeh lebaran koedoe bae mareuli papakean weuteuh. Nja harita doenoengan makeanana ka sanak kadangna. Djadi adat mawakeun ka kolot-kolot, silih teang silih andjangan.
4. Di dajeuh poean lebaran teh raramean sodor senenan. Menak-menak sakaboepaten toengkeb ka nagara, di aloen-aloen rame maen reboetan, ngadoe domba, ngadoe bagong, djeung sadjaba ti eta.
5. Djelema-djelema nadran (ngembang) ka koeboeran. Ka kolot-kolot atawa ka sakoer noe wawoeh moendjoengan, pada menta dihapoera dosa.
6. Tanggal 8 Sawal lebaran deui, anoe biasa di seboet lebaran sawal. Di Djawa diseboet riaja koepat.

Tah kitoe lebaran teh boengboena, henteu ditjarioskeun ari toeroen imbar sareng walilatna mah, nja kitoe deui ngintip boelan netelakeun roe’jatna tea, eta oge diliwat, da henteu aja lambonanana. Kawasna.

Ajeuna dina eta anoe kaoenggel bieu tea, mangga oerang pasing-pasing mana Arabna mana Madjapahitna, noemoetkeun katrangan Raden A. A. Kromo Djojo Adinegoro Kangdjeng Dalem pangsioen Modjokerto, anoe didadar dina Oudheidkundig Verslag 1923.

Andjeuna mapajna sareng njoektjroekna raratan lebaran teh, ti keur djadi boepati keneh, tapi nembe mendak katrangan anoe keuna enja, sanggeus loegaj tina damel, lantaran ajeuna ajeuna iasa djongdjon ngoengkab pararaton sareng toelisan-toelisan koena anoe dina batoe miwah koropak koropak tilas baheula. Ari anoe djadi poko pamoeka katrangan, nja eta:

A. toelisan dina batoe patilasan baheula, anoe kapendak ti desa Djijoe apdeling Modjokerto, anoe titi mangsana taoen saka 1408, ninggang taoen Walanda 1486, oengelna : Girindrawardana, ratoe Kahoeripan (nja eta nagara anoe engkena diseboet Djanggala sarta akhirna noe djadi dajeuh Koetagirang, kiwarina aja di apdeling Modjokerto) ngadegkeun poedja Craddha (hartosna ngadegkeun korban ; meuntjit sato pikeun hatoerkeuneun ka sesembahanana) dina boelan Kartika (nja eta boelan sawal).

B. Tina katrangan anoe kapendak dina boekoe Nagara Krtagama sareng Pararaton, oenggelna: Haijam Woeroek, Ratoe Madjapahit, ngadegkeun poedja Craddha (pesta korban anoe panggedena) ti awit tanggal 4 boelan Bhadra (ninggang dina boelan rewah) taoen Saka 1284 (= taoen Walanda 1362) geus nimbalan ka sadaja para radja-radja bawahan (Madjapahit) koedoe njadiakeun sasadjen djeung bakti poedjakeuneun, sarawoeh papaes keur ngahias nagara (karaton) sajagian pesta agama. Dina ping 12 na breg poepoedjian anoe djadi poedjian didadar, der pesta agama sakoeliah nagara, dibaroeng koe sasadjen djeung peta sembahna, ngagajoeh lelemboet ti kahijangan, … Heuleut tiloe dinten ti harita ninggang dina boelan poernama, endjing-endjing, Kangdjeng

185