Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

kin campuh ting salebrétna metakeun pakarang teu aya eungeun-eungeunna.

Lami-lami nu nyenggakan téh tayohna geus carapéeun, saparantos kirang nu ngahétah-hétah, gék deui éta téh sadayana dariuk, nepak terebangna pada antca deui.

“Tah nu kitu”, sanggem sobat, “nu disebat ngésrék téh”. Ceuk jisim kuring, “Naha ieu téh sadayana tariasaeun kana ngésrék? Bet ditingal-tingal sadayana teu aya nu kalarung pada tarabah kana ngaheureuykeun bedog nu sakitu sareukeutna dipaké kaulinan.”

“Rupi-rupi, sawaréh tiasa sorangan sawaréh mah heunteu. Éta nu teu tiasa nurut aub ka nu tiasa.”

“Nurut aub kumaha?”

“Is kapan di antara nu sakitu téh, pada aya kekentongna (kokolotna), dina saméméhna ngésrék éta bedog-bedog sadayana ku kekentong téh ditiup heula dijampéan, supaya ulah teurak kana kulit jelema. Nyukupna éta pangabisa kitu ka 40 jelema.

Masing urang ogé lamun daék hayang milu ngésrék, asal bedogna baé dijampéan heula ku éta kokolot, moal burung jadi weduk maol enya teurak, ngan pantrangna ulah boga dosa lamun rék milu ngésrék téh kudu beberesih heula.”

“Naha yaktos kitu? Boa teuing bedogna baé mintul.”

Sobat téa énggal nambut bedog, api-api rék aya nu dikadék, ka nu tas ngésrék bieu, lajeng dibikeun ka jisim kuring, ari pék téh dikadékkeun kana bonggol cau, mani badé sapat.

Sanggem sobat, “Salah mecakna kudu kana pingping.”

“Ah teu wani,” jawab jisim kuring bari rada éra.

Kacatur dina bretna budak dikeureut isuk-isuk terebang téh teu tinggaleun ngan harita mah ukur 2-3 rombong baé, da nu loba mah subuh-subuh geus baralik, di dinya téh nu ngalésrék campuh deui baé, tinglalékék kana sagala bari jigrah bungah nu taya wates wangenna.

Saparantosna lekasan nembé jisim kuring wangsul.

Éta ngésrék téh babakuna ngabuktikeun pangaweruh kawedukan. Anu barisa kitu babakuna urang désa Panyindangan, nu basa di Bojong ogé nya urang désa éta.

Ari weduk téh aya sababaraha rupa ngaranna ogé kayaning weduk banyu (kulit miyuni cai, mun dikadék teurak si teurak tapi harita kénéh liput deui), weduk batu (kulit lir batu dikadék kalah ka ngebul), weduk gula sabeulah, weduk ... jeung réa-réa deui.

Ari patokanana aya dua rupa, kahiji ngomé kulit supaya ulah teurak ku pakarang, kadua ngomé pakarang sing ledu ulah neurak. Tah weduk nu kadua mah wungkul paragi ngésrék teu beunang dipaké tarung jeung musuh.

Jajatén kolot baheula mah carék aki-aki kiwari nu baheula kungsi ngalaman, kabisana leuwih-leuwih, nepi ka aya hiji jalma dina karia dituar ku baliung tujuh teu daékeun rubuh kalah cangkeul nu nampolan.

Aya deui cenah éta mah rada béh dieu kajadian di Ciawi (onderdistrict Cibarégbég) nu nyalawat téh sarombong-sarombongna dipenggel dihalangan ku haur cucuk atawa bitung, ana prung téh ngadu jajatén, silih séréd, éta hahalang nu sakitu poharana nepi ka ajur raremuk, ing halé parabotna wungkul tonggong.

Dina ramé-ramé ngésré geus tangtos aya kokolotna nu geus pinuh ku élmu, éta kokolot ngajaga bisi aya nu apes nepi ka bobor karahayuan cilaka, teurak, babakuna ngajaring bisi aya nu hiri dengki ngadoroian.

Ieu ngésrék ayeuna geus rada kirang, lantaran dicegah ku Pamaréntah; nu bararisa ogé teu wanieun nembrakkeun manéh da sieun téa.

Perkawis jampé weduk engké ti pungkur disusulkeun, ayeuna masih kénéh dikotéktak nuju dikumpul-kumpul.

A. GANDA PRAWIRA.

190