Page:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/10

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

toehoeeun bonéka diteundeunan lantjah ma­oeng, sakentjaeunana diteundeunan soesoeh, hoerang djeung keujeup. Eta kabeh diwa­dahan deui dina tampir (tawoer) anoe pinoeh koe takir (tjeuk oerang Badoej mah téké, nja eta daoen tjaoe dipintjoekkeun dieusi laksa tea, réana sadjoemlahna lalaki anoe geus sawawa di sakampoengna, éta takir daoen tjaoe dipaselangkeun djeung daoen tjang­koeang, dibangoenkeun djedjelemaan, reana sarea awewe.

Heuleut doea poe ka tiloena ti mentas kawaloe tea, bring tampir boneka teh dii­ring-iringankeun dibawa ka leuweung. Sok diteundeun sarta memeh ditinggalkeun, Poe­oen mapatkeun djampe heula, kieu pokna:

„Poen, poen, poen! ngatoerkeun peutri geulis lelandjar endah, perawan entang-en­tangan, basana njanda njoerangga kana emas galigiran ngatoerkeun ka soesoegoehna, ro­rongkeng, maka tjoekoel sing barang ha­toeran meunangan sing barang witjara njilep lalandep songgang babaja mangka djaoeh ka balai.

Sakoeriling tampir (tjeuk oerang Badoej mah; tawoer, ditantjeban toetoembakan njere kawoeng, sareana lalaki anoe aja harita. Ngan beulah kidoel dikolowongkeun, nja eta pidjalaneun Batara Toenggal, sarta disadiaan roeas awi tiloe, dieusi wajoe (bangsa toeak, matak mabok), djeung tjeungtjeum (angeun) didjaga koe langgir hiroep.

Broel sarerea mah maroelang, ngan kari kokolot bae saoerang, toenggoe ngintip di sisi leuweung sakeudeuug.

Engke kokolot teh ngagero sataker tanaga, sing kadenge ka lemmboer, sarta ger ditem­balan koe tatabeuhan, naon bae anoe beunang ditakol mah ditabeuh, datang ka ngagoeroeh, atoeh awèwe-awewe ger toetoenggoelan.

Baroedak kabeh sina ngadedempes di imah. Ari eta ngarak boneka teh, minangka bahakti istri ka Batara Toenggal, soepaja nangtajoe­ngan ka manehna.

Ari ieu kokolot ngagero tadi djeung rame toetoenggoelan sagala roepa tea, eta tanda noembas (Geuning di Soenda oge aja keneh adat noembas koe njeungeut bedil atawa mariem).

Sanggeus salse, toeloej marandi deui di waloengan, sarta ger lalaki ngarioeng di bale, ari awewe-awewe di imah G. Seurat, dahar balaketjrakan lalawoehna make laoek mentjek, peutjang, boeoet djeung peusing, anoe meunang moro tea. Memeh prak dahar ajeuna mah didoaan heula koe Poeoen.

. . . . . . . . . .

Oerang Badoej leuwih djarangkoeng ti oerang Banten, sapantar djeung oerang Priangan. Waroegana sareseg djeung koeat; leuwih bisa leumpang di noe nandjak moe­doen tinimbang di noe datar. Pakoelitanana semoe koneng, teu aja anoe hideung, paromanana hade, meh euweuh anoe goreng patoet pisan, komo awewenamah. Anoe tanpadaksa teu aja. Berseka, marandi sapoe doea kali.

. . . . . . . . . .

Oepama oerang gok djeung oerang Badoej, koe sabr?han oge oerang bisa ugadoega sipat atina, anoe geus kaoetara kahadeanana sakoemaha anoe geus kaaroeninga, sok ditjararitakeun dina boekoe-boekoe. Atra tetela dina beungeut oerang Badoej, gambar sipat kadjembaran hatena, lain ka­langkang noe loeak leok, ngolembar babari gedag. Moenggoeh di oerang Badoej mah, teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham b?l?h?m t?h, ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae. Boedi gambar balaka, taja kareumpan, pertjaja kana dirina, teu rioek koe gebrag deungeun, dina beungeut oerang Badoej beunang dibaca koe sarenea,

Sabalikna ti tatanggana noe lian, anoe, memeh hol djelemana kapan pojongkod, ma­wa sebér ati mangmang, sieun kasawoer koe rendjag, norodjoltembong miheulaan noe bogana. Oerang Badoej estoe weuteuh, tjer? satjéréweléna adat watek warisan ti Padja­djaran, tatjan kalambon koe panggoda pangropea semah, anoe sok naratajan t?pa ka priboemi. Nja ieu gambar watek, ati, djeung taladjak Soenda toelen anoe saenjana mah.

Saoer Prof: Veth, og?, lantaranana pang ­bangsa Soenda djadi borangan, boga sipat abid (rasa hina tjara boedak beulian) kam­pad-kompod, koemawoela dibêlaan hina,