Jump to content

Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/3

From Wikisource
This page has not been proofread.

Kawantos timbalan Ratoe, satoedoeh metoe saketjap njata, nja teu lami ogé sajagi, énggal disanggakeun ka karaton.

Kersana Noe Maha Soetji, tétéla sapitoedoeh impénan téa, dadak sakala Kangdjeng Radja damang deui tjara baheula bihari, waloeja teu sakara-kara.

Katjarios istri Wandan téa ladjeng ngandeg. Saparantos éta istri bobot, tjeuk sapalih koe Kangdjeng Radja ditimbalaln ditelasan ka Ki Ageng Sora, bangsa ménak di padésan, tina ngaraos lingsem nepi ka poetraan ti istri loeloemajanan, ngan Ki. Ageng Sora teu téga. Nji Wandan disoempoetkeun ari tjeuk sakaol deui mah henteu, malah doegi ka ngowona di kara­ton, ngan sanggeus babar ladjeng disélongkeun (dititipkeun) ka Ki Ageng Sora téa. Éta moerangkalih poetra tilas neka­nan toembal téa di djenenganan BONDAN KADJAWAN, hartina poetra ti istri Wan­dan terah Kadjawan.

Lami ti lami moerangkalih tambah ageung moeloes taja koetjiwana, salira morontod boga wanda terah radja, tetep dirorok koe Ki Ageng Sora téa, ageung di padoekoehan nalaktak sakahanan boedak. Barang parantos sawawa tina motékar katarik kaloehoenganana, koe Ki Ageng Sora dipasantrénkeun ka Ki Ageng Taroeb, soepaja kénging piwedjang sina goe­goeroe agem-ageman kasampoernaan, di­baroeng atikan kasatriaan. Ti wangkid harita Bondan Kadjawan katelah Ki Djaka Taroeb.

Dina hidji dinten Ki Djaka Taroeb (Bondan Kadjawan) ningali koewoeng­koewoeng melengkoeng di langit, sarta ana rét ka talaga, andjeunna kagét tanpa wilangan, réh kawénéhan ningali para Widadari keur siram itjikiboeng soekan-­soekan.

Djaka Taroeb emoet kana tjarios anoe parantos kadangoe, énggalna ngetejep angkat moeroe panganggo para widadari téa, sarta teu antaparah deui kerewek koe andjeunna ditjandak hidji. Para Widadari birat pating djarerit bawaning kagét, na­ngén jén aja djelema noe ngintip, paheu­la-heula njarandak panganggona, sarta bioer baé haliber.

Nanging anoe sindjangna geus beunang koe Ki Djaka Taroeb téa mah ngan bati nangis, wiréh teu iasa moelih ka kajangan, da panganggo geus aja di leungeun djal­ma, sarta teu madjar koemaha kapaksa andjeunna pasrah salira, koemawoela ka djadjaka bangsa manoesa, Éta Widadari djenenganana NAWANG-W0ELAN, ladjeng baé dianggo garwa koe Bondan Kadjawan, nepi ka kagoengan poetra anoe didjenenganan Nawangsih. Dina babad wedalan Banten, ditjarioskeun jén Bondan Kadjawan ti widadari téh kagoengan poe­tra pameget anoe djenenganana Padjoe­wed atanapi anoe sok disebat ogé Pan­djawi.

Lami ti lami Widadari Nawang-woelan maroedah manahna, émoet kana kamoel­jaan salira nalika masih rioeng moengpoe­loeng sareng para Widadari di sawarga loka, nja nadjan ajeuna andjeunna keur loeloes roentoet berés roés djeung tjarogé ogé, teu boeroeng moendoet moelih, lanta­ran dipalér-palér teu daék palér. Toeng­toengna Nawang woelan waktja jén baris moelih, sarta ngaririhan ka raka, kedah énggal garwaan deui ka papada koepoena, tina andjeunna mah taja petana pila­naeun ngoembara di alam pawenangan, siang wengi njoréang ka geusanna asal.

Bondan Kadjawan henteu iasa ngorétkeun djeung moal moengpang kana saka­hojongna Nawang woelan, ngan sakalian moendoet pigantieunana téa.

Widadari Nawang Woelan geus oeninga jén aja hidji istri poetrana Kiai Ageng Sésélo, anoe piloeloeseun kana néma andjeunna rangkep sareng Ki Bandan Kadjawan, énggalna rakana dipangnanjaankeun, nepi ka hasilna.

Sadjengkarna Nawang-woelan, proek Bondan Kadjawan rendengan ka poetri poetra Ki Ageng Sélo téa, nja kagoengan poetra ti dinja pameget hidji anoe djenenganana Ki Ageng Pamanahan téa.

Doepi poetra anoe ti Nawang Woelan anoe djenengan Ki Pandjawi téa, da dikantoen koe iboe, nja ditjandak ka iboe kawalonna baé koe Bondan Kadjawan.

Ki Pamanahan sareng Ki Pandjawi dirorok koe éjangna, diwoelang tata-titi ka

115