Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/16

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

8. DJAMPE MASAMOAN.

Noe ngarieong djiga loetoeng, noe ngarendeng djiga monyet, nja aing mandahna! Maoeng poendoeng datang toeroe, badak galak datang depa, galoedra di tengah imah, kakeureut kasieup koe pohatji awaking.


9. DJAMPE OEDOE.

Amit godong sampoernaning godong, njot boel, njot boel, njot boel.


10. DJAMPE NJEUPAH.

Seureuh seuri, pinang nangtang, apoena galoeget angen, gambirna pamoeket angen, bakona goelaga sari, tjoh njaj, parapat njaj, leko lenjaj, tjoetjoendoeking aing, taroek harendong, tjoetjoendoeking aing, taroek pakoe hoerang keuna koe asihan awaking, asihan si leugeut teureup.


11. DJAMPE SEURI.

Si Semar hah-hah-hah-hah,
Si Semar hih-hih-hih-hih,
Si Semar anggoelitek anggoelidjeng.


12. DJAMPE MIDANG.

Samping beureum meubeut keuneung, samping koneng meubeut tjangkeng, ngaboeskeun leungeun badjoe koedoe ti katoehoe, kentja mah keur sawarega.


Wawatjan Babad Galoeh.

Pangkoer.

Samboengan P.S. No. 7

82

Njai oedjoeng sekar djingga,
didangdanan beuteungna make kawali,
djiga anoe reuneuh njemploe,
ditjandak ka pajoenan,
disandingkeun jahikna deukeut ka ratoe
Kotjap, adjar, patih datang;
geus aja pajoeneun goesti.

83

Ladjang adjar teh hatoeran:
“djisim abdi ngahatoerkeun pangabakti,
eta roepina sakitoe.”
Ladjeng ratoe mariksa:
“eta naon, geuning, kawas roepa daoen?”
Pok ki adjar teh hatoeran;
“reundeu asal ti noe ngirim.”

84

“Lamoen kitoe mah petana,
maneh adjar, adjar, mere seredan ka aing.”
Ratoe beuki tambah bendoe.
“Maneh, adjar kawasa,
tjing seug taksir, ari mangkena ngadjoeroe
ieu pamadjikan oerang,
medal pameget ta istri?”

85

Ratoe ngandika ka adjar:
“ieu kasakit koe maneh teh sing leungit
maneh anoe njieun kitoe.”
Adjar henteu tarima,
Teu moepakat pada djalma njieun kitoe,
Wondening koedoe walaras,
eta sagala panjakit.

86

Adjar toeloej ngawalonan;
“noen, soemoehoen, perkawia pariksa goesti,
koemaha kersana ratoe,
menggah taksiran abdi mah,
ari babar mangke eta Njai Oedjoeng,
geus kantenan moal tjidra,
poetrana eta lalaki.”

87

Ratoe, gantjang, ngabendoean,
“Adjar naon maneh teh, henteu sajakti,
ajeuna koedoe dihoekoem,
sababna hatoer dosa.
Lain reuneuh, enja soteh eta njemploe,
Meunang kami ngadangdanan
Dititah ngandoeng kawali.”

Aja samboenganana.

128