Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
hoeloe aing batoe woeloeng nja koelit beusi poerasani” sareng saterasna...; tah ketjap nu kenging mapantes kitu teh hajang teroes djeung boektina, tina kapati-pati hajang laksana paneda hajang kaboel noe dimaksoed, oetjap eta hajang boekti nepi ka njata permanana karasa nitis kamatihanana, tina awahing tjengengna manteng ka noe dipikarep nepi ka pleng poho dinaon-naon, boro-boro make dahar leueut tea sare oge geus kapilali saking toehoe-toehoena kanu dimaksoed, nja toengtoengna bakating koe ati gilig tigin goemoeloeng kitoe, panedana diidjabah samaksoedna dikaboel, nitis kamatihannana ketjapna. Ana prak teh ngawedjang djampe eta bedog seukeut ngadak-ngadak djadi ledoe alah batan moetoe nadjan pedang anggoer nambag, koelitna njata ngabeusi poersani manan teurak kalah ngeboel.

Ana katingal koe anoe lian loba noe hajang noeroetan hajang goeroe djampe wedoek, ana prak teh diwoeroek djampena koedoe bae diteroesan koe piwoelang katetepan tatapana saperti anoe geus kalakonan tea, nja eta waktoe mimiti ngamaksoed nepi ka di kaboelna, lilana sakitoe poe tjenah.

Ahirna toeroen-toemoeroen nepi ka ajeuna, dimana aja djampena ditetepkeun kawadjiban tatapana.

Koemaha ari djelema djaman ajeuna? Njaho dibasa tapa teu njaho harti sadjatining tapa, noe matak djampe-djampe koerang kamatihanana. Naha diseboet kitoe? Nja eta ngan noeroetan bae tapa, teu dahar teu sare teh koe noe ajeuna minangka didjieun patokan nomer hidjina, sedeng saenjana noe baheula mah kitoena teh lain dihadja tapi kapopohokeun koe awahing tjengeng maksoed, djadi ari patokanana noe toelen mah nja hate tea.

Tjik mangga eta saoer sepoeh kitoe teh soeroepkeun ka elmoe batoer. Asana rada ninggang, geura mangga emoetkeun sanes? Djol babasan anjar: “Asal manteng tangtoe pareng, komo kana ieu mah asa soeroep pisan. Tjik boeka boekoe elmoe deungeun, ieu bae lanan geura noe geus ilahar diparake koe baroedak ngora boekoe elmoe Spritisme, mangga aos dina toe-

doehna! Asa taja bentenna raos djisim koering mah sareng bagbagan elmoe oerang.

Teu sadjalana elmoe oerang sareng elmoe deungeun teh, eta ari di oerang dipatok koe tapa, ari dibatoer dipapaj raratanana naon sadjatina, toer maksadna mah satali tiga oeang.

Ana kitoe djadi hate gilig panteng kanoe hidji noe matak diidjabah temahna teh lain lantaran tapa njiksa awak.

Kitoe oge teu aja salahna moenggoeh dikaroehoen oerang, moal samata-mata ngadjoeroeng tapa moen teu aja sababna, meureun tjarek manahna: “Lamoen enja manehna hajang, tanda toehoe ka noe dimaksoed, tangtoe tandjakan sakitoe disorang, totonde tigin atina mikahajang kana hal eta, da kapan patokanana kaboel maksoed eta koedoe koe panana tea. Lamoen teu dibere patokan tapa kitoe tinangtoe atina gampang karatjana kasilih koe napsoe kana neteg eusi beuteung, temahna niatna moal laksana.”

Dina goegoeritan aja basa kieu (Kinanti).

Rasa dibaroeng koe wahjoe,
titis toemetesing ati,
ketjlakna rasa noe sirna,
nganteng gilig tigin pasti,
poerwa dat tjipta pangroewat,
limakon karep awaking.

Tah kitoe pamendak djisim koering mah, tjik soegan aja deui noe sanes noe teu sapagodos, soemangga geura dadarkeun.

Ras deui kana noe tapa dipakoeboeran, madjar maneh ngalap karamat neda-neda njoehoenkeun berkah sapaat noe dikoeboer didinja.

Tilik heula noe tapa teh saha?

Is geuninga bangsa Islam.

Tjik oerang tjoektjroek dina Agama Islam naha aja noe marentah atawa ngesahkeun kalakoean kitoe?

Tjik oerang boeka kitab, geuning ieu tjarek chadis: “ANNA MAN KANA QABLAKOEM KANOE, JATACHIDOENA ALQOEBOERA MASADJIDDA FA INNI ANHAKOEM ANDZALIK.” Geuning kitoe tjenah tah tjeuk kitab, tjobi maranah oepami njieun kalakoean kitoe neda-neda ka noe geus maot sami bae sareng mange-

126