Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/12

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

d. Boeloe Njai Sri diangken boeloe ramboeting manoesa, sareng

e. Siki Njai Sri diangken papat kalipoeloeh manoesa, henteu dat ngoelon, henteu dat ngaler, henteu dat ngidoel, henteu dat ngetan, henteu dat loehoer, henteu dat handap, henteu dat mana-mana nja ingsoen kang adegning manoesa. “Saoer sepoeh.

Eta noe disebat di loehoer ti a.d.k.f. teh netelakeun kitoe kaagoenganana Nji Sri. “Kitoe ngagoengkeunana sepah oerang ka andjeunna teh.”

Biasana pare noe parantos di leuit teh ditoetoe, eta teh biasana tara tinggal ti djampe.

Soepados teu leungit talari karoehoen, noe parantos kaloeli-loeli koe djalma djaman kiwari. Ieu di handap oerang dadarkeun pokpokanana waktoe Njai Sri dikoeah kieuh.


DJAMPE NOETOE

Soekma kangden noetoe, soekma kangden toetoe, soekma sari moelia badan sampoerna, sampoerna ku panarima.

Saparantosna djadi beas, eta beas teh memeh dilebetkeun kana padaringan (pabeasan) sok diwadahan kana said heula teras njioek tjai atah saoendem, pek diteundeun (dtoempangkeun) kana beas noe dina said tea, kieu djampena :

DJAMPE NJIMPEN TJAI

(djampe koemambang)

Allohoema do’a Maskoemambang, redjeki saking Pangeran, poedji djati koedratulah, berekat saking nabi, nabi Moehammad.

Saparantosna kitoe, ladjeng beas teh dilebetkeun kana djero pabeasan, kieu djampena :

“Mangga Nji Pohatji Njimas Alanae, Njimas Moelane, geura ngalih ka gedong manik ratna inten, abdi ngiringan. Ashadoe sahadat panata, panetep agama, ikoekang djoemeneng Lohelapi, kang ana te-

leking ati kang ana lodjering Allah, kang ana madep maring Allah, ikoe woedjoed salamet ing doenja, salamet ing aherat.”

Teras dikoekoesan, kieu djampena :

Ashadoe anla ila hailleloh, waashadoe anna Moehammadarrasoellah. Abdi sedja babakti ka noe seda sakti, agoeng tapa, njanggakeun sangoe poetih sapoeloekan, koekoes koening poerba herang, toedoeh kang saseda toehoe, datang ka sang seda herang, tepi ka sang sedi sakti, noe sakti neda kasakten, neda deugdeugan tandjeuran.


DJAMPE NJIOEK BEAS

Assalamoe’alaikoem!

Wa’alaikoem salam (didjawab koe oerang keneh)

Boer gajoeng manala tjipta, gedong manik wisesa, herang noe herang. Pohatji maja herang, Njai Pohatji naga pamana, Nji Pohatji naga sakti, mangka reureug mangka pageuh.


DJAMPE NJIMPEN OENDEM

Roep koe singoeb, rap koe sang moetiara poetih, ret meneng djadi sasiki. (oendemna disimpen deui bari diteueulkeun tiloe kali, sarta oelah ngambekan).


DJAMPE NGISIKAN

Mangga Njimas Alane, Njimas Moelane geura siram, dibanjoe moe’min, di talaga kalkaosar, abdi ngiringan. (ladjeng digesoh), kieu djampena.

Njai Pohatji boedoegoel woeloeng, oelah djail ka babawaan koela. Heug! (ditembalan koe sorangan).

Teras tjampean tjaina, kieu djampena :

Nji Pohatji barengan djati, oelah djail kaniaja, ka Nji Pohatji soekma djadi; “Heug!” (ditembalan koe sorangan), nepi kaberesihna.


DJAMPE MAWA BEAS TI TJAI

Bismillah’ irohman nirrahim, mangga Nji Pohatji oerang moelih. (regedeg bae).

124