Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/10

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Penget soerat piagem isoen Dipati Timbanganten kagadoeh dening paman Singaprana, paman Singaprana soen enggonaken ing boemine ing Radja . . . Ki . . . Wangsadikarija Sira raksanen ponta wongatoewa Sira dewek saoendakara, Sira roemaksa, kalajan sapisanne bokana kang ngadjanam, kapindone bok ana kang mitenahi, kang ping teloene bok ana kang ngadonani.

Ikoe ta sira den ijatna adja aweh den amboeng dening wong lian ikoe sangare pitenah, jen si ana arepa ngambah koedoe amaksa, sira terapana poeloenganna kerise katoer maring ingsoen, ikoe ta rajat sira wong Radja, den pada ngestokena ing oendang ingsoen kang moeni ing soerat pijagem. Kala noelis ing dina Djoemaah tanggal ping woloe woelan Sawal ing taoen alip.

Kala noeroen pijagem ing dina Djoemaah tanggal pat likoer woelan Djoemadilawal ing tahoen Alip ing tahoen 1203. Titi toelis Bagoes Djaja.

. . . . . . . . . .

Tah kitoe oenggelna eta piagem teh, anoe kapendak ti kampoeng Naga di wates distrik Singaparna sareng Mangoenredja apdeling Tasikmalaja.

Diseratna ata pigem dina koeningan sarta sakoemaha anoe kaoenggel di dinja, jen eta piagem teh geus beunang njalin tina piagem asal anoe roeksak.

Disalinna; dina taoen Hidjrah 1203 koe Bagoes Djaja, djadi tepi ka ajeuna ti wangkid dipindahkeun kana eta koeningan parantos 140 taoen.

Eta piagem koeningan koe oerang dinja dianggap kaboejoetan, dipoesti-poesti malah bedjana sok radjeun dipoendjoeng-poendjoeng sagala. Oentoeng katjida karoehoen ngawaris kabiasaan anoe toemerap dina kapertjajaan saroepa kitoe, da tjatjak lamoen teu aja basa kaboejoetan, moal boa eta piagem geus djadi parab djarian.


Tjarios sepoeh.


Sepoeh: Lo, bedjana Kangdjeng Sinoehoen aja di dieu di Losman?
Nonoman: Soemoehoen, eta moelih ti Batawi, mapag poetrana anoe nembe saroemping ti nagri tea.

S: Euh, koetan! Baris sabarahawengi bedjana di oerangna?

N: Doeka gamparan, abdi teh rada kirang parios, ari margina eta koe parantos teu dipianeh sapertos kapoengkoer ajeuna mah kasoempingan Kangdjeng Sinoehoen teh. Dina ngawitan mah anoe nongton oge doegi ka djedjel tea di sadjalan-djalan teh, ajeuna mah……

S: Enja, tina geus beda alam tea. Euleuh, lamoen seg baheula kasoempingan Sinoehoen, geus tada teuing bae, tada teuing goejoerna tada teuing geundjleuhna. Tjatjakan eta bae ari dalem angkat-angkatan ka distrik-distrik amboeing, oerang distrik teh mani tagiwoer lain dikieuna.

N: Naha, dalem teh tara patos angkat-angkatan, roronda ka desa-desa?

S: His, ari alo! Dimana teuing baheula mah aja dalem oeprak-oeproek ka pilemboeran, tjoelangtjang-tjoelangtjeng tjara dalem kiwari; baheula mah tjara gateuw dalem teh, ngan oeloekoetek di gedong bae, njarimpi ngabadaja bae, ngawajang oewong, soekan-soekan bae oenggal poe teh, tara make dagdag-digdig tjakah-tjikih kitoe. Parekan djeung selir wae gerejek, pangbeberah manah.

N: Raos atoeh ari kitoe mah. Nanging sok radjeun oge manawi sakali-kalieun mah angkat ka pakemitan?

N: Ih poegoeh, ari radjeun mah, tapi nja eta lima taoen sakali oge henteu, ngadon soekan-soekan deui kitoe soteh, lain liar kana damel. Eta ana rek angkat, sirikna henteu dikerid eusi kaboepaten teh ngiring kabeh, djeung pisaboelaneun deui kana djengkar, tjeuk anoe bohong tea mah, geus beng iber, ngabedjaan ka wadana jen dalem rek rawoeh. Atoeh ger goejoer di pakemitan teh, anoe sasadian, njadiakeun keur soesoegoeh babakoena. Lain pakepoek ngandjoek ka toko tjara kapala ajeuna, baheula mah hiboet