Page:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Lapad sareng dalil teu meunang tinggal, madjar teh lamoen teu kitoe, teu ledok, asa tjawerang asa tjamplang cenah, moen ngibing mah magah asa teu digoongan.

Koemaha ari ajeuna?

Gentos lalakon saketjap ka doea ik, diengklokan koe Zeg, norotos perteges paselang djeung bedoel belang. Kapan algemin belang, egen belang, ik bedoel, kedal oenggal keur gempoengan.

Koemaha mijn vader silaing geus datang ti Batawina? God zeg, ik mah teu boge sapeser-peser nog niet! Ah jamer, ik harita telat teuing, niet optet. Allah boelan ieu mah minoes seh!

Ka-beh-dieunakeun perteges teh make kaemper-emper ka ki dalang wayang, si Tjepot ngomong perteges, si Dewala ngomong Hokjan, Kalanjoengir batjeo ngomong Malajoe, Ki Togog basana Djawa, dipasieup kakawen koe basa Kawi, tjarita dalang koe Soenda, ....amboeing! Ari dalang wajang tea kapang moenggoeh di kampoeng mah, nja eta REDAKTOERNA, teu pati beda ti soerat kabar, ngan ieu mah soerat kabar ditamboel.

Ana inget deui kana poko djalan kamegahan, kapan ngan aja doea anoe djadi babakoe 1e kamegahan dunja, 2e kamegahan agama (aherat).

Geusan ngalaksanakeun eta anoe doea roepa poepoedjan tea, koedoe bae ngaliwat heula basa deungeun, nja eta: pakarang anoe matih geusan ngoedag kadoenjaan nja basa Walanda, ari geusan ngoedag kabatinan (agama) nja basa Arab, saboetoehna koedoe ka Djawa; mana Soendana?

Beu, olokodohok oerang mah kabeh oge matak belot ari dina harti anoe ilahar mah!

Oejoehan..... basa Soenda mah!

Malah aja antekna, nepi ka aja anoe ngira jen basa Soenda mah lain-lain atjan basa. Nja eta nalika K. Toen Holle sasaoeran ka hidji Boepati, ka hidji Dalem, di dieu di Pasoendan, kieu saoer Toean Holle: “Ajeuna Rad. Hadji Moehamad Moesa, Panghoeloe Garoet keur ngarang boekoe basa Soenda.”

Barang eta Dalem ngadangoe saoerna T. Holle kitoe bangoen kaget naker, pok sasaoeran: “Wah moal enja Toean, sebab itoe omong Soenda boekan basa!”

Tah dongkap ka kitoe! Teu aroeningaeun jen oerang Soenda geus barisa njarieun boekeo ti baheula keneh.

Tapi ari maido teuing mah henteu koering oge ka anoe tambelar kana basa Soenda teh da nja eta ngalirik ka diri sorangan, sok kalahka haget gede angkoh hajang kieu sangkan basa djeung bangsa Soenda djadi madjoe, tapi... koelahek bae katerap kasawat teu tjeeh; geus bae disalindiran koe barudak:

“Kapan hoedjan kapan djeblog, kapan papajoengan bae,

“Kapan palaj kapan dolog, kapan sok rajoengan bae.”

Aeh-aeh naha bet koering kamalinaan ngawangkongkeun sosompang, apan anoe keur ditjaritakeun teh hartina ketjap tea. Geura oerang malikan deui hantja tadi.

Ketjap palita geus kaoeninga koe sadajana, tapi dina basa Arab aja ketjap fatilah hartina singsim, siga naker palita teh asal tina fatilah tea. Eta kasakit sok patoekeur tempat aksara, heula pandeurina, geus biasa di oerang mah, kapan: ketjlak sok djadi tjeklak, kelor djadi kerol, beunghar sok djadi beuhngar.

Patiman asalna ti tim dirarangkenan pa djeung an. Djadi saenjana mah patiman teh paranti ngetim (njieun sangoe tim). Ari tim bedjana oerang Hongkong.

Palawidja, asalna basa Sangskrit phalawijaphala: boeah, ari wija: widji: siki.

Poeasa, ieu oge basa Sangskrit keneh, asalna upawasa, upa: tina perkara, ari wasa: tjitjing teu obah teu dahar teu leueut. Pondok, hartosna aja doea, 1 teu pandjang 2 tempat santri, tempat madjik. Harti kadoea kawas lain pitoein oerang dieu, ari margina dina basa Arab aja ketjap pondok, hartina hotel atawa losmen. Toeh tetela sasaoengan pondok oerang sareng pondok Arab teh. Oepami koe oerang dihaben dikotektak, engke tangtos boehbeh basa anoe lain pitoein oerang dieu teh, tapi... ari ajeuna