Page:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/3

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Djawa keneh anoe djadi pamor. Djawana teh biasana nja Djawareh tea, sarta ti dieu ditema koe basa Malajoe anoe djadi kamenakan the; soerat-soerat anoe tadi tjampoer djeung kamataraman ajeuna kalindih koe kamalajoean, komo deui ari dina dines opisil mah, geus Malajoe maloeloe, tjek rasana mah tapi malajoena the nja malajoe Soenda tea bae. Malajoe anoe nepi ka matak teu kaharti koe oerang Malajoe. Ana disawang bari dirasakeun, singhoreng geuning djol Djawa, ngan oekoer djadi DJAWAREH petjenghoel Malajoe, nga oekoer djadi Malajoe Soenda, ajeuna datang basa Walanda, kawasana moal boa ngan tiba siga, tiba siga Soenda keneh dina antoekna mah.

Atoeh naha make diraropea, da poegoeh Soenda, nadjan didjawakeun dimalajekeun diwalandakeun oge Soenda keneh – Soenda keneh bae. Tjenah eta koedoe pindah tjai pindah tampian, pindah pileumpangan meureun enjana mah, atoeh koedoe pada – pada bae, montong dipake ngalindih: Soendana, poelasara Djawa malajoe walandana piara, oelah ngogel tinggal dogdog. S. d. R.) – Ajeuna koendial Java-Instituut goemelar ka alam lahir. Ningal kana oedaganana djisim koering ngiring bingah merwata soeta, sarta teu kendat ngadoedoenga moega sing engga akaala boehna, moeloes djadina teu keuna koe hama, hedjo lembok meuhpeuj teureujeun roehroej poepoeeun.

Java-Instituut anoe eukeur moepoesti sagoenging poesaka titinggal karoehoen baheula, ngamoemoele sarta moelasara wedalan Soenda.

Koe ngadegna anoe bieu sareng koe oesahana pagoeron basa di Batawi, (sareng koe jasana Bale-poestaka) soegan basa Soenda the bakal kahear-hear moal ngawankaj teuing dipakena bahan geusan ngoedag kamaoeljaan.

Kapoengkoer parantos digerek-gerek koe Djoeragan D.K. Ardiwinata nalika pesta ngadegkeun Sakola Raja (Kweekschool) Bandoeng djedjeg 50 taun, (Mei 1866-1916), njaeta pangdjak soepaja anoe djadi basa loeloegoe, oelah toekoeh basa Bandoeng, tapi koedoe basa sa-Priangan atawa sa-Pasoendan, pisan, sangkan tambah eujeub tambah gegek, sarta ngakoe basa kosta anoe geus ilahar dianggo di oerang. Harita katingal seueur pisan goeroe-goeroe anoe sapoek kana hodjah andjeuna.

Dina Papaes Nonoman taoen 1917 No. 6 djisim koering parantos mendak katerangan basa-basa Soenda anoe asalna ti basa deungeun. Tjing ajeuna mangga oerang kotektak dina basa Soenda anoe kapendak sadidinten, naha eta the pitoein oerang atanapi semah anoe ngaboeniaga?

Kantenan ngoengkab basa mah sesah the teuing, komo dina djaman kiwari mah parantos tjampoer bangsa djeung bangsa anoe ngalantarkeun tjampoerna basa, anoe oerang kop koe batoer, anoe batoer kop koe oerang, lawas-lawas ganti djisim, adam lali tapel, poho ka asalna tadi.

Dina prakna njarios parantos asa tjere basa sorangan asa basa Soenda enja bae anoe dipake the, sedeng lolobana mah tina basa batoer.

Tah geuning gorehel bae ketjap sedeng dilebah dinja! Tjing atoeh sing beresih njarita the! Leungitkeun eta ketjap “sedeng” anoe lain dina pipernaheunana teh, da eta mah basa Malajoe. Ganti bae kadinja koe “mangkaning” soegan beresih Soenda toelen.

Hih apan “mangkaning” mah basa Djawa!

Ganti deui atoeh “pada hal”!

Har, atoeh keneh-keneh bae eta mah oerang alas peuntas, komo beuki jaoeh, da djeung dilambon koe oerang Hadaralmaot sagala “padahal” mah!

Koe naon atoeh digantina eta sedeng didinja teh, bet ieu lain-ieu lain; tjing koe “inghale” soegan?

Aeh-aeh naha bet boelak –balik dekok, los deui ka Bagelen, apanan inghale mah Djawa keneh, haleuangna oge geus “djamoe-gandring”! (dina basa Djawa ketjap inghale the ngan woengkoel di-