Page:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/2

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
No. 7
Tahoen ka 2
Januari 1924

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 28 – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 7


1. Basa Soenda katja 97
2. Njalawat Djamdjami " 101
3. Oerang Badoej " 104
4. Panalek boekoe-boekoe Soenda " 105
5. Paririmbon " 106
6. Wawatjan Babad Galoeh " 107
7. Bintang emas " 112


Basa Soenda.

Objag dimana mendi, malah parantos djadi senden kalemekan, djadi tjatjoer para sepoeh, paomongan para nonoman, pada hajang pada resep, taja lian anoe djadi panjileukan nga tabah basa Walanda. Tina silo koe pangabogoh kabita koe pihargaeunana, nja geus moal aja anoe henteu kagendam, tjoel naon tjoel naon ngan ngoedag eta.

Ateoh ari kitoe tea mah koemaha henteu rek pada resep pada pogot, da poegoeh matih dipakena melet Agoes sarana. Pendekna basa Walanda, tinangtoe poendjoel ti batoer gadjihna, nenggang ti sasama kaoentoenganana, nadjan . . . . . .

Kawasna ieu the nganjatakeun bakatna alam jen didoenja teu aja anoe langgeng, keuna koe robah kasilih koe geingsir tea, dan kapan moenggoeh baheula mah anoe djadi eupan pameletan the, sanes sang basa Walanda.

Nepi ka tomperna Windoe ka 17 sareng ka 18-na, komo sabeh ditoeeunana mah, di oerang anu djadi mandah basa the, nja eta basa Djawa, malah alam ka kagoepernemenan oge mimitina mah, nja basa