Page:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/52

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
There was a problem when proofreading this page.

Kaloehoer kana geloengna,
Kahandap kana sindjangna,
Oelah rek digelong djoetjoeng,
Bisi padjar indoeng-indoeng,
Matak kasoran noe agoeng,
Matak larangan kalisoeng,
Matak sieun pra pohatji,
Bisi padjah tatambangan,
Matak sarang di noe wenang,
Oelah rek digeloeng konde,
Matak djore di noe gede,
Salin deui na geloengna,
Geloeng lelep geloeng tikel,
Dihapitna koe djaridji,
Di tikelkeun koe dampalna,
Ser djoetjoeng direunteut deui,
Loeloemat salawe lambar,
Dipinggiran koe malati,
Didjadjaran koe tjampaka,
Djedjel koe inten baroentet,
Disoebal saloempit pandan,
Dipoentjakan mas kalangan,
Miring batan goenoeng Soengging,
Tjepak nongnong koleangkat,
Niroe geloeng wedadari,
Kabogoh para pohatji,
Teu ngewa anggo di Goesti,
Koening kari moeri-moeri,
Bala kari nitah bae,
Sakabeh pada dianggo,
Pada diadjaran kabeh,
Sakala poe harita,
Sakalangkoeng tapok geloeng,
Pameunteu sarangka beubeung,
Salobong sarangka tongtong,
Saloebang sarangka awak,
Saloempir sarangka bitis,
Siger boengker djeung pamener,
Djoemepret benten kantjana,
Benten emas ditarikan,
Dimangka tarik sisina,
Dimangka ngendoe djoeroena,
Dimangka ngendong di tengah,
Ditimbangan soeweng bapang,
Dikarantjang dikarantjeng,
Eureuj mani kikitjeupan,
Intenna djiga arimoet,
Barabaj koenang-koenangan,
Noe bentjoet dina harigoe,
Djiga tjengkir klapa gading,
Katoeroeban koe Singtoengna,
Djoedjoeloek masangan waroe,
Hoeloe soesoe noendjoek iroeng,
Tetenger djadian agoeng,
Hade keur pawarang ratoe,
Ditilik gila koe loetjoe,
Taja batan poetri boengsoe,
Koneng henteu hideung henteu,
Sedeng ngetjemeng ngetjemeng,
Ret boenter ngelemeng koneng,
Nja koneng ngala ka teteh,
Nja lendjang ngala ka biang,
Nja moblong ngala ka embok,
Nja geulis ngala ka nini,
Nja djangkoeng ngala ka indoeng,
Bisa njalin doengkeun semoe,
Bisa njoesoempingkeun boedi,
Mere semoe djiga imoet,
Mere boedi siga seuri,
Ma’nana parek redjeki,
Pangaroeh noe rampes boedi.

(Loetong kasaroeng).

Tjobi mangga lenjepan parios adat isitiadatna sareng ngeunteupkeunana rasa kaaloesanana dina hidji-hidjina djaman.

Nja kitoe deui lamoen mariksa omonganana baroedak, laoen-laoen oerang bakal iasa nangenkeun batinna baroedak[1]. Lami-lami tangtos oerang kenging kajakinan, jen oengkara sareng warna-warni ketjap noe sok dilemekkeun koe baroedak teh loejoe hoerip sabiloeloengan saareng kabatinanana.

Mangga bae geura tjobi titenan, intip, tangtos engke tinemoe sareng kajaktosanana.

Ieu di handap tjontona omongan baroedak noe satjerewelena, tina sawatara pagoeneman-pagoeneman, noe parantos dititenan koe sim koering; ditema koe omongan kolot pertengahan, karangan noe palinter, karangan boedjangga-boedjangga Soenda baheula, boedjangga djaman kiwari sareng salinan-salinan tina basa deungeun.

Mangga oerang saliksik perkawis-perkawis noe ngawengkoe hidji-hidjina pakoemboehan.

109
 
  1. Den Hertog: De faal is de buitenkant van het inherlijk leven: Basa teh dohirna kabatinan.