Page:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Oedagan anoe ditoedjoe koe basa kasoe sastran benten sareng oedagan basa sadi dinten anoe dipake koe oerang rea. Oedagan sadidinten mah teu aja deui ngan: kedah gampang dianggona, toer terang babari kaharti koe batoer. Ari oedagan basa dina kasoesastran mah kasampoernaan. Djadi lebah dieu aloesna basa teh sanes „gampang kahartina” nanging ketjap-ketjapna kedah kareuna, pokpokanana kedah ngareunah.

Basa teh leres oge gadoeh kékénténg kalang pangawasana noe teu kenging dimaha, nanging lebah kasoesastran ngawenangan ka ki Boedjangga, ngalajang mawa rasana pribadi, darapon. oelah nepi ka pegat bae tatalina tina oegeranana.

Sawangsoelna: sanadjan oerang diwenangan ngarakit basa sakoemaha karep oerang, nanging oegéran anoe djadi wawangénan atoeran basa, eta teu kenging dirempak, soemawonten, hal sora anoe djadi sasandi ketjap, eta teu kenging gana-gana dirobah sakarep-karep, nadjan Boedjangga loehoeng henteu kawasa.

Dina lebah dieu oerang kakoeroeng koe kalang wawangenan basa.

Katingal deui koe oerang, jen basa teh lebah dieu gadoeh sipat "loro-loring ngatoenggal", nja eta: djadi banda sarerea, koe sabab eta ngawisesa djelema saoerang, nanging bet kawisesa koe Boedjangga, Boedjangga loehoeng noe ngetjlakkeun ra kitan basa djadi soenggingan dina basa.

Tegesna kieu:

Hidji Boedjangga ngedalkeun raos koe basa, dianggit didamel dangding, njoesoe-roep lagoe kana ketjap noe ngetjlak tina lebeting ati, dipasieup koe rakitan basa noe ngembat ninggang wirahma, disoengging koe ketjap noe kareuna hariringna, koe mépjar djadi pangloengsoer sari, medal rasa ti koeroengan, braj katingal paningal batin goemawang dina tjipta: binangkitna noe ngarakit dangding di djero kalangan oegeran basa.

Oegeran basa goeloeng djadi hidji sareng kabinangkitan ki Boedjangga noe ngarakit dangding ngagelar raos djadji ka-soesasran. Menggah basa noe djadi panggelar raos, hiroepna sareng loeomenggangna, babakoena aja dina dajana ketjap anoe dianggo ngawangoen paningal ati noe goemawang dina tjipta.

Oenggal basa kitoe sipatna, basa Soenda oge henteu benten.

Ajeuna oerang njoektjroek heula asal-moeasalna Basa Soenda,

Basa Soenda kalebet kana golongan Basa Indonesia.

Noemoetkeun anoe arahli Basa Wetan, lobana basa Indonesia teh aja 200. leu ba sa anoe 200 roepa tea, koe noe palinter digoendoek-goendoek didamel djadi 9 tjantilan. Doepi Basa Soenda kalebet kana tjantilan ka 2, nja eta: Tjantilan Djawa.

Anoe kalebet ka dinja:

  • Basa Soenda,
  • Basa Djawa,
  • Basa Madoera,
  • Basa Bali.

Pangna ieu opat basa dilebetkeun satjantilan, margi sadedeg sapangadeg sawanda saparoman. Kawoewoeh poesaka-elmoena — noemoetkeun tjoektjroekan anoe palinter mah — sasoengapan pisan.

Moal boa, eta margina noe mawi hantja anoe ajeuna dihareupan koe Java-Instituut: bangsa Soenda, Djawa, Madoera sareng Bali.

Doepi asal moeasalna basa Soenda, sami bae sareng basa-basa Indonesia anoe sanes, da poegoeh asal sasoengapan tea; doepi basa-basa Indonesia sahoeloewotan sareng basa-basa Autronesia anoe sanes; margi basa Indonesia teh kalelebet kana golongan eta basa, anoe mawoer di laoetan ti Madagaskar beulah koelon dongkap ke poela-poelo Paas beulah wetan, ti Formosa dongkap ka Nieuw Zeeland.

Parantos loba ahli-ahli basa anoe mapaj neangan asalna Basa Austronesia, nanging koe margi aloerna parantos teu ngaloeloeroeng, taja toelis noe djadi saksi noe njata, pikeun djelema djaman ajeuna sesah kabinabina kengingna katerangan noe sanjata hal asalna Basa Austronesia; tjalétjér-tjalétjér noe djadi tjitjiren djalan talapakanana parantos laleungitan karimboenan koe loekoet-loekoet boeboeloek win-

63