Mung saéna énggal disapih ku Sunan Kudus, Aria Jipang mulih teu kantos ngadukeun pucuk pakarang, mentegeg manah tambah ngentab, harendeg pédah mubah ku talangké.
Kacarioskeun garwana Pangéran Kali Nyamat, anu carogéna ditelasan ku Aria Jipang téa, nya éta istri sadérék garwa Sultan Pajang, bawaning ku abot ka carogé, bendu ka Aria Jipang, lajeng baé tatapa ku hoyong aya anu mangmaleskeun kanyerina, ngabasmi Aria Jipang. Nalika Sultan Pajang di Kudus téa, anjeunna angkat mapag Nyai Roro Kali Nyamat, di patapan badé disambat dicandak ka Pajang. Nyai Roro Kali Nyamat kersa lugay ti patapan, lantaran ku Sultan Pajang pamundutna disambadaan yén montong dianggo hemeng galih, anjeunna sanggem nigas janggana Aria Jipang. Kacarioskeun Kangjeng Sultan Pajang sarawuhna ka karaton énggal magelaran, kempel sadaya ponggawa mantri, hémpak para Bupati bawahan, ngabarempagkeun perkawis Aria Jipang anu geus mapak bala rék nempuh Pajang. Harita Kangjeng Sultan ngadawuh, “Saha-saha anu bisa ngayonan Aria Jipang, sarta tepi ka beunangna, baris diganjar tanah Mataram jeung Pati!” Sadaya para Tumenggung mindel teu aya anu nyanggeman, tina pada uninga kana karongkahanana Radén Panangsang seunggah wegah sadayana. Kacarioskeun Ki Pamanahan sareng Ki Panjawi, anu harita ngiring nampi dawuhan, ngaraos lingsem pisan, tina ningali bupati-bupati nu hémpak di pamengkang teu aya anu tuhu bumélana ka raja. Enggalna anjeunna unjukan ka Kangjeng Sultan, yén perkawis nangkep Aria Jipang montong dianggo gedér manah, nya anjeunna anu baris lali rabi tégang pati ngayonan Aria Jipang. |
Kangjeng Sultan suka galih ngadanugu piunjukna Ki Pamanahan sareng Ki Panjawi, lajeng ngadawuh ngajurung ku pindunga supaya unggul juritna. Teu lami ti harita Ki Pamanahan sareng putrana, nya kitu deui Ki Panjawi sabaladna, perjurit petingan nu beunang milih, geus brul arék nempuh Jipang baris dijorag ka jero dayeuhna. Aranjeunna henteu ngadamel heula surat panantang ka Jipang, tapi baris diambreg rada dibokong tina bongohna baé. Ari geus deukeut ka dayeuh, nya anu dianggo galagat pupucuk tarung, hiji abdi urang Jipang nu kasampak keur ngarit di tegal. Kek direjeng ku balad Pajang pada ngagénjang, sarta ditangtang bari pada nyarékan, rajana dicacampah dibéakkeun laklak dasar; ari tungtungna teu antaparah deui ngan simpreng baé dirumpungan ceulina, ti dinya mah kakara dikalencarkeun bari diéak-éak dicararékan. “Jor sia geura ngadoni ka ditu ka raja sia, bijil kitu ka dieu ari enya mah anak lalaki!” Atuh tukang ngarit téh ceurik riwih-rawah, getih ucur-acar, ngencis balik ka dayeuh, hariweusweus unjukan ka Aria Jipang, némbongkeun ceuli geus rumpung. Barang Aria Jipang ningali sareng ngadangu piunjukna tukang ngarit dikaniaya, turug-turug ditangtang ku balad Pajang, raos dicaluntang dihahangu dicacampah, reup pameunteu geuneuk, bendu ngagudug-gudug dasar getas barangasan harita kénéh rap saged anggoan kaprajuritan, henteu kantos ngantos balad anu lian, clak tunggang titihan kuda anggoan anu ngaran Si Gagak-rimang, dius nyalira mapag musuh ka luar dayeuh. Balad Pajang awas ningal Radén Panangsang nyalira nitih kuda, ger surak nangtang jurit ti peuntaseun walungan. Aria Jipang lat lali bakating ku bendu, lir banténg bayangan nu digagalak |
Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/8
Jump to navigation
Jump to search
This page has not been proofread.
152
