Jump to content

Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/7

From Wikisource
This page has not been proofread.
turug-turug ayeuna anu jadi raja téh éta pisan anu boga dosa maéhan ramana téa, Aria Jipang taya petana iasa nahan kasabaran. kudu nyembah ka satru anu ngamusuh ramana ku anjeun; komo deui ari mungguh hing anjeunna mah anu sanés dasar sa­bar, kahanan getas barangasan, nepi ka teu kaampeuh teu kénging dipeper dilele­jar. Tungtungna anjeunna susumbar:

“Tinimbang hirup-dirungrung wirang, tugenah salalawasna, mending lebur tutumpuran; aing rék béla pati ka bapa, hutang pati bayar pati, hutang wirang bayar wirang, moal tibra rasaning ati, la­mun tacan tumpur digempur sadu­lur-dulurna Sultan Demak anu geus nyidra patina bapa aing!”

Ti wangkid éta siang wengi teu aya deui anu dicileuk ku Ari Jipang, ngan akal tarékah geusan ngalaksanakeun a­ngen-angenna, ngalubarkeun kanyeri anu dikandung salalamina.

. . . . . . . . . . . . . . .

Supados ulah panjang teuing, ayeuna urang ringkeskeun baé, dicandak anu perluna, nya éta awitna Aria Jipang laksana iasa nelasan Radén Prawata Sul­tan Bintara, sarta lajeng deui nelasan Pangéran Kali Nyamat (Japara), dua­nana geus pupus ku akal tarékahna Radén Panangsang. Tapi teu acan tibra manahna, lamun teu acan laksana nga­basmi Sultan Pajang anu jenengan Jaka Tingkir, mantu Sultan Bintara anu garwana raina Radén Parwata Sultan Demak téa, lantaran nya Jaka Tingkir ayeuna sayaktosna anu nyepeng kaprabon Demak, néma ti Sultan Bintara anu nembé ditelasan téa, nu nagarana geus déngdék kana rék runtag.

Ari Jipang metakeunana tarékah a­witna ku jalan demit, geus ngutus kajineman kapetengan dibahanan du­hung wangkingan anjeunna, kudu ngelemet asup ka pagulingan Jaka Tingkir, sarta ulah taha asa-asa te­rus suduk tugel mastakana Sultan Pajang.

Utusan miang niru laku telik bapa

. . . . . . . . . . . . . . . .

maling, geus asup ka jero kadaton kangjeng Sultan kasondong keur ébog di pangkuleman.

Barang ragamang Ki Utusan rék nibakeun wangkingan, kerewek ku Jaka Tingkir dicepeng, atuh rumpuyuk baé ki utusan ngalumpuruk awak ngadak-ngadak leuleus bawaning ku reuwas jeung sieun.

Ku Kangjeng Sultan henteu digeruhkeun, sarta sanggeus dipariksa marga lantaranana, harita kénéh dileupas­keun deui, lajeng didawuhan mulang unjukan ka nu miwarang. ­ Barang Aria Jipang ngadangu piun­juk utusan kitu, wuwuh bendu tambah wirang, sarta teu weléh ngilari jalan nu rikip, moal waka mapak bala ngadukeun wadia perjurit saméméh béak déngkak metakeun tarékah. Ku margi éta Aria Jipang mundut tu­lung ka guruna nya éta Sunan Kudus, supaya Sultan Pajang disaur ka Ku­dus, engké di mana geus patepang, baris dibongohan disuduk ku anjeunna.

Ku Sunan Kudus henteu dipagak pa­nuhunna Aria Jipang, dianteur saker­sana, sarta teu lami deui Sultan Pajang (Jaka Tingkir) geus sumping ka Kudus diiring ku Ki Pamanahan jeung ku Ki Panjawi.

Aria Jipang ngangken tamu miceun semu, teu siga aya karinah ngarah bo­ngoh.

Nalika Aria Jipang calik papayun-payun sareng Sultan Pajang gunem catur medar carita, malapah gedang ngarah duhung anu keur disungkelang ku Sultan Pajang, Ki Pamanahan teu anggang calik di pungkureun dunungan.

Barang sok duhung ku Sultan Pajang disanggakeun ka Aria Jipang, réh dipundut dadaku hoyong ningalian pamorna, ku Ki Pamanahan Sultan Pa­jang ditoél, sarta harita kénéh sebrét baé narik curiga, duanana geus pada ngabar keris rék tarung patutunggalan.

151