Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
weung, njandak koedjang ngah njalira. Barang soemping ka goenoeng bet geus njampak Ki Djaka Tingkir keur nga­doengkaran kakaian, sarta toeloej digoe­soeran ka lebak, boekbakeun teh kason­dong geus lenang, moeng kantoen gara­penn woengkoel, atoeh kagèt....

Korédjat Ki Ageng Sèlo tanghi, larak-lirik raos sanes mentas ngimpèn, tina tetela téh teuing raos asa di kieuna. Ari ditingali Ki Djaka Tingkir bet keur sare kènèh ngagoeher todjereunana. Engsalna koe andjeunna digeuingkeun bari dipariksa saoerna ,,Agoes, silaing bieu teu loeas lèos ka mamana?’

Sanggem Djaka Tingkir: ,,Teu pisan-pisan. Apan abdi mah ti tadi oge sare, nembè hoedang ajenna.”

Koe Ki Ageng Sèlo kamanah, jèn andjeunna enja tas ngimpen. Ngahoeleng bae ngemoet - ngemoet pitemaheunana impen, naha ilapat naon, djenng naha bet kitoe, welèh koe andjeunna teu kahar­tos.

Ti dinja pok Ki Ageng Sèlo maniksa ka rèntjangna: Agoes ari agoes sok ngimpi anoe ahèng?

Walon Djaka Tingkir ,,Parantos kapoengkoer abdi ngimpi anèh, malah doegi ka ajeuna koe abdi welèh teu atjan ka­hartos; nja eta nalika abdi keur tirakat, misahkeun maneh digoenoeng Telamaja, abdi ngimpi kcaragragan boelan; katinggang ari sajaktosna mah, margi barang broeg téh, Goenoeg Telamaja oge doegi ka ngageleger, nja bawaning koe reuwas korèdjat abdi hoedang.

Tah kitoe kapoengkoer abdi ngimpi teh; naon pihartoseunana eta tèh, atanapi moen ilapat, ilapat naon?”

Saoer Ki Ageng Sèlo: „Hade eta impean teh, keun bae entong dipikiran pibaloekareunana, moega-moega bae geura masing boekti, ari ama mah ngan ngadjoe­roeng pangdoenga, sabab saenjana eta the wahjoe anoe toemoeroen ka Agoes, anoe bakal ditèm koe roendajan ama, Koemaha Agoes pasrah kana kitoe pibaleokarennana?

Saoer Djaka Tingkir. “Ari abdi mah ngan darma wawajangan, poetih teu aja geuneuk maleukmeukna sadrah ngam­bangkeun kersa Pangéran. Sareng oepa­mi doegi ka katéma kamoeljaan abdi koe poetra poetoe ama, tinangtos moal ngara­os koe anon sanès, moeng bingah noe aja toenggal sadaging kènèh sareng abdi, taja petana di abdi aja gantar kakaitanana.

Ki Ageng Sèlo hoengangang manahna ngadangoe kasaoerana Djaka Tingkir ki­toe.

Ti reumana ladjeng baè maroedoen moelih ka boemi. Henteu lami ti wangkid harita Djaka Tingkir parantos miang ngantoenkeun Ki Ageng Sèlo, lantaran didjoeroeng lakoe kedah koemawoela heula ka Demak tea.

Ki Djaka Tingkir parantos aja di Demak matoeh di Kiai Gandjoer, saderek iboe poeloengna anoe asih ka andjeunna.

Djabi ti ieu, aja kèneh doea tileo deui salsilah Djaka Tingkir téh, tapi entong didadar sadajana, soegan sakieu oge pa­rantos tjekap.

Ajeuna samemèh ieu diladjengkeun perloe oerang selang heula koe babad De­mak, oerang ngadadar salsilahna Soeltan Demak anoe karoengroengan koe Djaka Tingkir. Kieu toetoeranana.

Saparantos koebra kardjaan Majapait, karatonna geus roentag dirandjah koe babad. Islam, nja ladjeng tea Radén Patah., poetra Brawidjaja Madjapait, ngadeg. Soeltan di Dernak ngerèh sakoe­liah tanah Djawa.

Radèn Patah kagoengan poetra genep.

1. Istri, anoe kagoengan tjarogè ka Pa­ngèran Tjirebon 2. PangeranSabrang Lor, gaboeg hen­teu kagoengan poetra, 3. Pangèran Sèda Lèpen (sok diseboet Pangeran Saba Kingking, kagoengan poetra pameget djenen ganana Raden Panangsang atawa Aria tea. Nja eta anoe teu kersa anoet ka Pa­djang).

149