Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/4

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
tjarogé, garwana mah teu lami deui poe­poes kantoen poetra pahatoe lalis, geus teu iboe geus teu rama, nja eta anoe dje­nengan Mas Kérébét. Tina rnoerangkalih noenggelis, ladjeng baé disarambat koe anoe miwelas, dirorok koe sanak kadangna di Pengging. Nanging lami-lami sa­parantos ageung ladjeng ditjandak ka Tingkir koe tilas garwa Ki Gedeng Ting­kir, mitrana Kebo Kanigara, oea Mas ka­rebét, sadèrek ramana tea. Barang paran­tos djadjaka nja Mas Karebèt gentos djenenganana katelahna Djaka Tingkir.

Djaka Tingkir teu tjara djadjaka bia­sa, kersa kana borak - borak kasoekaan, ieu mah prihatin teu kendat tatapa, di soegri noe soeni meuting, matoeh di loehoer goenoeng, asroek asroekan ka leuweung, taja patapan kaliwat.

Dina hidji poe sabot andjeunna keur ngahening handapeun kai, gok tepang sa­reng Soenan Kali Djaga. Koe Kangdjeng Soenan katingali jèn eta djadjaka koma­raan, lain boedak djamak boedak, tapi njata kaantjikan kaloehoengan. Koe margi eta koe Soenan Kali Djaga dipaparin bongbolongan, koedoe koemawoela heula ka radja, Demak noe koedoe didjoegdjoeg, geusan djalan kana nekanan pangbedah kamoeljaan, anon geus koemandang di sa­lirana.

Djaka Tingkir nganoehoenkeun kana sapiwedjang Soenan Kali sarta sadaja piwoeroekna baris dièstokeun pisan. Ti dinja andjeunna pamit ka iboena anoe ngoekoet tea, jen rêk koemawoela njanggakeun salira ka anoe djadi radja di De­mak, hojong diadjar tata tjara nga­heujeuk nagara, anggon - anggon ka parabon.

Iboena teu tiasa ngoretkeun tina kama­nah pitemaheunana, ngan di djangdjian koedoe ngoegsi ka Ki Gedéng selo, toe­maros heula ka andjeuna koemaha pisa­èeunana, sarta lamoen geus rneunang boe­boekan ti dinja, engkè kakara teroes ka Dernak, ngadjoegdjoeg ka sadèrèknaanoe djadi kapala Gandjoer (pradjoerit) dje­nenganana Ki Gada Moestaka.

Djaka Tingkir parantos djengkar ti dèsana rnadjoe ngalèr ngetan ngadjoeg­djoeg ka Ki Ageng Sèlo.

Barang ret Ki Ageng Sêlo ningali sam­pojongna Djaka Tingkir moendjoeng, on­djoeg — oedjoeg djorodjoj panggalih asih, ènggalna disambat sarta satoetasna dipa­riksa, ladjeng bae diangken poetoe, djadi tjatrik noe kadeuheus.

Salamina Ki Djaka Tingkir teu tebih ti K. A. Sela, teu pisan meunang anggang, ka mana bae oge teu kantoen.

Ari eta Ki Ageng Sèbo tea, siang wengi teu pegat moentang ka Pangèran koe ho­jong iasa nampi waris Madjapait, ngeréh sakoeliah Djàwa, reh ngaraos jèn an­djeunna oge toenggal terah Brawidjaja. Koe margi eta andjeunná henteu kendat oesaha ngolah salira, tatapa njiar djalan geusan ngalaksanakeun paneda.

Taja lian anoe dipeleng disalebeting kal­boe, kadjaba Uti sihing Jang Widi, sangkan awal ahir tinekanan, oepatjara sawoeng galing kaprabon, aja bagdja ragrag ka toeroenanana Nadjan teu karandapan koe salirana, rèh roemaos joeswa geus tjoe­weut ka hareup, tapi tetep teu gedèr galideur noedjoe maksoed sangkan kamoeljaan toemiba ka roendajanana.

Eta margina noe mawi Ki Ageng selo sering njepi di noe soeni, djeung meta­keun sarat tarèkah noe lian.

Tapi ari Ki Djaka Tingkir mah ngingintil bae teu pisan kantoen, ka marnana ogé ditjandak.

Dina hidji wengi Ki Ageng Selo angkat ka leuweung di Goenoeng Rèntjeh, pen­nahna Kalèr-- wètan ti Taroeb, kante­nan di iring koe Djaka Tingkir. Barang parantos wengi soemping kana ranggon kosong tengah reuma, 1adjeng bae lebet, tina ngaraos palaj, doeg bae koelem di dinja. Doepi Ki Djaka Tingkir ningal goe­roena èbog, gelèhè baè manehna oge nga­golér ditoendjangeun doenoenganana, reup sarè tibra.

Sabot Ki Ageng Selo ngalenjap, bet ngimpèn, ari dina ètanganana andjeunna angkat ka goenoeng bade ngaboekbak leu-

148