Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/31

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
314. Nji Poetri mipit malati,
ngagentraan Gelap njawang,
aki tonggoj teu ngawaro,
anggoer batoek dédéhéman.
Harijaneun ih aki mah,
ieu kembang geura poepoe,
keur naon aki di dinja.
315. Ban diréré koe poetri.
panangan ngoelangkeun kembang.
arék dipaké malèdog
bongan henteu ngabantoean,
ari belewer njalahan,
kembang keuna ka tatamoe.
Ambet kasih awas ningal,
316. Tjeuk Nji poetri iih geuning,
balieur mailk ka toekang
poepat-pipit poenal-penol,
ngadak ngadak toetoenggoelan,
poetri teu poegoeh polahna,
soemeblak manah roemandjoeg,
henteu ngira henteu njana.
317. Ambet kasih api-api
nananggeuj ajakan kembang,
rada mésem rarat-rérét,
pok ka réntjang sasaoeran,
aki ieu tongkéng bodas,
bari lalaoenan moendoer,
raraj reup geuneuk raj pisan.
318. Nji poetri ngaraos isin,
soegan téh taja satria,
woeri-woeri kabalèdog,
saoerna: sanés dihadja,
eta atoeh aki bongan,
Ras émoet ngaroembaj ramboet,
disanggoel noenda ajakan.

319. Malati henteu ditolih,
Ki Padandjoeng seuseurian,
mana gan malati hedjo,
tjing aki hajang ningalan,
koetan aja tongkég bodas,
aki mah nembé saoemoer,
hiap koe aki koendangan
320. Poetri njaoer ka Nji Tjentil,
Tjentil hajoe oerang moelang,
ieu bawa kembang eros,
meugeus sakieu gé réa,
Kidang Panandjoeng nambalang:
Agan itoe akoe tamoe,
oelah sok degig ka sémah.
321. Oelah sok kitoe pamali,
geus lami meureun ngantosan,
bongan máké dibalédog,
koedoe ménta dihampoera,
saoerkeun sanés dihadja,
bisi tamu oerang djaoeh,
anoe ngahadja nepangan.
322. Tjeuk poetri doeka ah isin,
bisi lain rék ka oerang,
sémah bet los—los ka kebon,
meureunan arék ka ama,
Kotjapkeun Pamanahrasa,
langgéor angkat ka joengjoeng.
ka noe isin ngadeukeutan.
323. Geus tjaket nembé ngalahir:
moegi gamparan oeninga,
roemaos abdi katénggor,
sanés sémah nembe tepang,
gamparan keur kasamaran
naha lali ka noe wawoeh,
teu ngangken tjara biasa.

175