bakal pasah salawasna, pondok djodo koe pamaksa, moal koemalendang deui; sarta sok masihkeun lélépén, soepaja dipaparinkeun ka poetrana, anoe koedoe didjenenganan Djaka Sengara.
Ti dinja mah boeaja téh ketjeboer deui baé ka leuwi, ngantóen poetra kamanoesan. Katjarioskeun Djaka Sangara pikajoengjoeneun noe djadi iboe, moerangkalih loeloes moeloes, toemoet kana woeroek sepoeh, teu aja pisan wantelang bedangna. Ti aalit geus kaserepàn éjangna leket tapana, teu ngagédékeun ngoembar pangadjak amarah. Barang nindak kana djadjaka, geus bablas sagala panalar, njoektjroek èlmoe tepi ka djoetjoengna, ageman anoe laloehoeng, kagagahan karongkahan, geus kawentar teu aja doea Djaka Sangara. Dina hidji mangsa Djaka Sangara ngadangoe selenting bawaning angin, oedjar anoe mawa bedja, jen Kangdjeng Praboe Madjapait keur saembara: ,,Saha-saha anoe bisa noempes Boepati Balangbangan, anoe sakait djeung Bali, pada saoejoenan keur baha ka radja, baris digandjar dipoeloeng mantoe, dipaparin kaloenggoehoen pangkat Boepati di tanah Pengging!” Djaka Sangara sanggeus gilig manahna ladjeng baé moendoet pindoenga iboena, baris ngiring lebet kana balabar kawat, sarta djoeng andjeunna angkat ka Madjapait doemeuheus ka Kangdjeng Radja, oendjoekan jen sanggem njembadaan kana saoengeling saembara tea. Saparantos kenging dawoehan ti Maha Preboe, ênggalna Djaka Sangara mendakan heula ramana, sang radja boeaja di leuwi Kali Semanggi tea, ngoemana reh keur aja karerepet baris majoenan djoerit ngadoekeun djadjaten djeung oerang Bâlangbangan. Koe ramana disanggoepan, jen perkara rek nempoeh Balangbangan, entong dipake gedog pangkon, tan wande wadia balad boeaja bakal ngabantoe madjoe ing dana laga. |
Teu lami deui broel bad Djaka Sangara sabaladna ngaroeroeg ke Balangbangan sareng Bali, der perang tjampoeh, semah noe oenggoel perangna, oerang Balangbangan teu aja noe bisa ngajonan kana karongkahanana balad boeaja, nepi ka moesoeh tjarem, sawaréh maboer boebar katawoeran. Malah Radja Balangbangan kasamboet di tengah medan, ditelsean koe Djaka Sangara koe andjeun. Sapanantos réngse perang, nembé Djaka Sangara moelih ka Madjapait oendjoek oeninga ka Maha Praboe jen Balangbangan djeung Bali geus tjarem. Kangdjeng Radja soeka galih liwat saking, sarta harita kenéh Djaka Sangara di djoengdjoen loenggoeh djadi Boepati di Pengging, ditikahkeun ka poetni kadaton, djadi mantoe Kangdjeng Pereboe, sarta ti hanita digentos djenengan Andajaningrat. Radén Andajaniñgnat mantoe Brawidjaja, saparantos poepoet joeswa, digentos koe poetra, sarta ieu poepoëtra doea, pameget sadajana, anoe djenenganana Kebo Kanigara sareng Kebo Kenanga. Kebo Kanigara, poetra tjikal, henteu kersa lebet Islam, ari sadérékna anoe djenengan Kebo Kenanga mandjing agama Rasoel ladjeng djadi Boepati di Pengging ngagentos kaloentgoehan ramana. Harita Madjipait geus koebra, sarta di Demak geus ngadeg nagara Islam. Dina hidji mangsa Boepati Pengging (Kebo Kenanga), angkat ka Demak arék silatoerahmi, réh roemaos ka doenoengan kapi sepoeh. Nanging di Demak aja tjoeriga, kila kila matak aja sangka, Boepati Pengging siga, rek ngalindih kakawasaan, kawas rek ngadjabel nagara, kaprabon wanisan Madjapait; koe margi eta Boepati Pengging ditelasan di Demak; saenjana salah tingal, kolebat pagah di nama ari saenjana mah di poetra. Boepati Pengging poepoesna ngantoenkeun poetna garwa, anoe katalangsana ditilar koe anoe asih. Tina kaleleban koe |
Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/3
Jump to navigation
Jump to search
This page has not been proofread.
147
