Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/29

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
293. Tjeuk Panandjoeng soegan téh djin,
boro koela arék loempat,
sihoréng djoeragan Anom,
djadi naha lamoen ngedjat,
meureun lapoer moal pendak.
hadéna Ki Lampoeng djamboel,
henteu kabawa borangan.
294. Noeroestoendjoeng aki-aki!
Témbalna Ki Gelap njawang,
Kawas tjan loma djeung Onom,
maké sieun koe ririwa,
kolot teu boga kaéra;
kop tah djin téh geura pangkoe,
moal sieun ajeuna mah.
295. Ki Panandjoeng anggoer ngasin,
ditjarékan teu némbalan,
tamba éra ngaléléwé:
lain sieun ngan iatna,
bisi ki doeloer tjilaka,
wawanén mah moal ngandjoek,
djol datangkeun djoerigna,
296. Hajoh nadjan reudjeung koenti,
mo enja tepi ka ngedjat,
djol, mana geura sina hol,
moal boeroeng dilawan,
ieu tjatrik Goenoeng Padang,
sa noe wani ka Panandjoeng,
pék djin idjén oeing lawan!
297. Lampoeng djamboel ngeunah seuri,
omongna bet kadongdora,
wani soesoembar nangtang gé,
tadi mah kawas noe sawan,
moeriang teu kawajaan,
koe batoer ménta digoesoer,
kasima teu bisa leumpang.
298. Noe kasép Dén Siliwangi,
satoetasna mentas siram,
ngadangoekeun noe arotjon,
goemoedjeng teu sasaoeran,

tjalik di sisi waloengan,
dina batoe bari noeoes,
soegema loegina manah.
299. Gelap njawang pok ngalahir,
ka Radén Pamanah rasa.
mangga Gan oerang ka kebon,
oerang di ditoe ngantosan,
aki rék oendjoek oeninga,
ka poetri hatoer pioendjoek,
sina néang pepelakan.
300. Radén Siliwangi ngalih,
kana handapeun angsana,
di noe ioeh ngadon ngaso,
diiring koe panakawan,
sasaoeran sosonoan,
teu anggang dirioeng-rioeng,
Ki Panandjoeng Gelap njawang,
301. Lampoeng djamboel geus djoeng indit,
ka Nji Poetri pok hatoeran,
Gamparan angkat ka kebon,
bisi rék ngoendeur kepokan,
bari ngala kekembangan,
kembang noe kamari aloem,
geus mangkak réa noe ligar.
302. Njai Poetri hémeng galih,
Bet aki mah moal enja,
kapan pelak anjar kénéh,
kamari ogé parérang,
ajeuna sageuj kembangan,
beunang dioendeur pirakoe,
lain djaat pelak déwa.
308. Agan teu ngandel ka aki,
geura mangga baé lajad,
aki moal enja bohong,
badé ngoendeur ngala kembang,
kepokan eukeur meudjeuhna,
tongkéng noe beukah noe koedoe,
malati tjampaka tjina.

173