Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/27

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
271. Barang Radén Siliwangi,
ningali anoe kasima,
mésem némbongkeun pasemon,
barabaj sinar katingal,
ébréh tjahja wanda asal,
koe hideung henteu kasapoet,
tétéla Pamanah rasa.
272. Katjatoer tiloe pangatik,
anoe eukeur kasamaran,
ras ka noe eukeur didongdon,
rét ningal sinar marahmaj,
tjahja pameunten doenoengan,
keureut raraj tedak Galoeh,
ngan roempoejoek baé nahnaj.
273. Leuleus kabéh toelang sandi,
tina tétéla teu salah,
anoe hideung djiga gaok,
horéng anoe ditéangan,
Rahadén Pamanah rasa,
tiloean gabroeg ngarangkoel,
njioeman kana sampéan.
274. Pangatik gaoek narangis,
bari teu répéh midangdam;
adoeh goesti adoeh radén,
sembaheun doenja ahérat,
deudeuh teuing anak bapa,
njandang panandasa batoer,
salira kadoengsang-doengsang.
275. Teungteuingeun anoe djail,
teu aja pisan rasrasan,
ka goesti bet abong-abong,
nepi ka téga mergasa,
nganiaja ngabongohan,
noe djoedes rék ngarah oemoer,
noe teu toea henteu dosa.
276. Aki njeri haté peurih,
naha bet kabina-bina,
ieu nepi ka diporong,
teu poeas koe sina njingkah,

ditambah koe dihideungan,
bet abong ka intjoe batoer,
njiksa djalma poepoeasan.
277. Aki salah koerang, telik,
roemasa koerang prajoga,
wéja ngatik téh talobéh,
ngantoenkeun ka Goenoeng Padang.
bet maké indit tiloean,
kadoehoeng aki kadoehoeng,
teu boga pikir rangkepan.
278. Mangga goesti siksa aki,
aki-aki lalawora,
kolot gé bodo bolostrong,
sadrah soemangga tanganan,
bonganna koerang wiwaha,
gana-gana wani ngantoen,
baloekarna nganiaja.
279. Adoeh-adoeh tada teuing,
iboe rama di nagara,
moen ningali poerang pérong,
toer ngalipek di djarian,
djadi boedjang toekang njiram,
poetra njandangan boeboeroeh,
kawas si itoe si éta.
280. Radén Siliwangi nangis,
moeroeboet medal tjisotja,
toemoengkoel teu pisan lémék,
galih raos digerihan
ngangres pinoeh koe nalangsa,
ketir toengtoengna soemegroek,
paoengkoe-oengkoe opatan.
281. Teu lami Radén ngalahir:
meugeus aki oelah soesah,
ajeuna oerang geus amprok,
aja sihing Hijang Soekma,
oeing teu sakara-kara,
waloeja bisa patepoeng,
kadar kersana Pangéran.

171