Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/26

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
260. Ku kuring katémbong sidik,
naha atuh baralangah,
geus baé teu katarénjo,
hayu geuwat urang nyingkah,
kuriak urang kasarad,
hempék ieu kuring gusur,
suku teu bisa ngaléngkah.
261. Gelap-nyawang anggur seuri;
ki silah kabina-bina,
bet abong-abong geus kolot,
boa teuing téténjoan,
kalangkang pajar ririwa,
sieun ku nu acan puguh,
moal enya jin ti beurang.
262. Ki Pananjung nyentak bengis;
Ari katénjo kumaha,
da kuring téh henteu paor,
piraku téténjoan mah,
awas pisan geus teu samar,
masina lamun ngalindur,
ieu mah nyaring teu salah.
263. Lamun teu ngandel jig intip,
sampeurkeun tuh kana lombang,
hempék ku sorangan tempo,
ari hayang ditekuk mah,
kuring mah henteu kaduga,
moal nepi ka ngawadul,
piraku da lain budak.
264. Nu dua ngahuleng mikir,
panasaran ku carita,
lahlahan arék ditempo,
mun enya baé ririwa,
ré ditéwak ngarah beunang,
karepna arék dikukut,
lumayan keur kamonésan.
265. Singkil dicarawet puril,
peta masang kuda-kuda,
jin téh arék didodoho,

hayu ulah taha-taha,
urang cerek baé tuman,
ngaganggu ka anak Galuh,
rasakeun sia ditéwak.
266. Hayoh ejin geura bijil,
lamun wani ulah nyingkah!
Ceuk Pananjung hempék baé,
tapi mangké heulaanan,
papatkeun parancah heula,
ulah waka gurung gusuh,
bisina kumaha onam.
267. Ceuk baturna montong teuing,
ngamuk mah kumaha kula,
tanggap ketak jago kolot,
mo nyingkah ku atah-atah,
ngomongna bari ngaléngkah,
ngadeukeutan sisi sumur,
ngeteyep ongko-ongkoan.
268. Barang srog tepi ka sisi,
arék nonghol ka jerona,
karepna eudeuk ditempo,
ku Siliwangi digebah:
Wah! Halik ieu ririwa!
Aki-aki anu tilu,
nangkarak tibuburanjat.
269. Bari ngocéak ngajerit,
reuwas kabur pangacian,
panonna tipopolotot,
henteu nyangka bungkeuleukan,
jurig hideung siga jalma,
ngagebah kawas ka batur,
ngajak ocon susumputan.
270. Nu reuwas tibubuncelik,
ningal jurig bolongkotan,
tungtungna mah arolohok,
henteu ngiceup-ngiceup acan,
leungit sieun timbul héran,
tina kakara saumur,
ningal jin kitu pandéna.

170