Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/25

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
249. Kidang-pananjung ngurihit
ngarojong ka Gelap-nyawang,
ngolo bari rada ngosol,
nitah medar pangabisa,
asihan ti Gunung Padang,
panyangcang anu rék undur,
sangkan ulah bisa ingkah.
250. Cing itung ku palak sihir,
ku patangan palintangan,
ngétan atawana ngulon,
nyusup mubuy rnarangpang numpang,
tapi mending dikemat,
hadéna kudu diduyung,
da tétéla acan anggang.
251. Lampung-jambul henteu lami,
rep sidakep masang peta,
galantang mapatkeun jampé,
Hong Hiyang kemat asihan,
pangirut Pamanah-rasa,
anu pundung kudu cunduk,
mun teu anggang geura datang.
252. Satutas mapatkeun aji,
jung deui tiluan miang,
Gelap-nyawang henteu répéh,
bari ngomong: cing kikukan.
Hor-hon baé taeunna,
teu kaci teu maké kikuk,
susumputan jeung bapa mah!
253. Kacatur anu nyamuni,
reuwas pabaur jeung éra,
ratug kasawur ku atoh,
piseurieun teu katahan,
nyacapkeun kapanasaran,
maksa ti sumur mecenghul,
ka pangatik hoyong awas.
254. Kidang-pananjang nu awit,
ngocéak barina ngejat,
tobat! itu bet tétélo,

pentil jin bolongkotan,
moal salah tuh ririwa,
ka ditu ingkah sing jauh,
ka sabrang jeung ka Palémbang.
255. Ulah arék hiri dengki,
jurig nyingkir sétan nyingkah,
huh paralun hong ilahéng,
ulah jail kaniaya,
aing seuweu Gunung Padang,
kapan wana wani wawuh,
palias istan palias.
256. Anu hideung leungit deui,
teu kungsi lila témbongna,
tadi gé ngan tiba nempo,
awahing ku panasaran,
hoyong geura-geura awas,
ka pangatik anu tilu,
tina geus lawas teu tepang.
257. Ari manah ratug inggis,
ngeres ngangres suka duka,
tagiwur teu puguh raos,
ras émut kana salira,
nuju keur nandang sungkawa,
salira hideung belewuk,
wungkul jadi cocooan.
258. Kidang Pananjung muringis,
bari teu répéh parancah,
ngayékyék tuur nyorodcod,
anu duaan gé ngejat,
kagét ku anu kasima;
aya naon Ki Panaujung,
bet kawas anu kasibat.
259. Bedul ih alah ambuing!”
Ki Pananjung témbalna,
Jin kapir bieu katénjo,
henteu sak geus moal salah,
kabireungeuh da tétéla,
bieu nonghol tina sumur,
maké ngajebéng sagala.

169