Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/23

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Wawatjan Siliwangi.


Samboengan P.S. no.11 taoen ka 1.


Koemargi sanes doeaan tiloean anoe maroendoet samboenganana ieu wawatjan Siliwangi, anoe pegat katoenda ti awit nomer 1 taoen ka 1 keneh eta, ieu ajeuna diladjeungkeun deui. Nanging koemargi langganan anjar, anoe nembe loma sareng P.S. awit No. 1 taoen ka II, aja lima-genep ratoesna, noe tangtos pisan hareugeueun ningali samboengan tjarita anoe teu atjan kaoeninga ti mimitina, djadi perloe dibalikan deui ringkasna eusi tjarita anoe parantos kapedar kapoengkoer, kieu :

Ratoe Galoeh alam Padjadjaran baheula, kagoengan poetra tiloe anoe tjikal ti Selir, jenenganana Asmoenalarang, anoe hidji deui joel padmi djenenganana Pamanah-rasa, piradjaeun. Pangatikna tiloean toetoeroenan, ngairia Gelapnjawang, Kidang-panandjoeng sareng Lampoeng-djamboel. Sabot Pamanah-rasa ditinggalkeun koe tiloe pangatikna ka Goenoeng Padang, ditimbalan moendoet landong keur prameswari, andjeuna dikaniaja koe rakana, rek diarah pati sangkan karadjaan ra~g kanoe dengki. Petana nja eta Pamanah-rasa sina njoekang dina areuj sina meuntas Pangdadaran. Lantaran ditangtajoengan wahjoe, moebah akal rakana malah waktoena asoep ka djero soemoer gok tepang sareng radja djin anoe maparin kasaktian ka Pamanah-rasa. Tina teterna noe ngarah pati toengtoengna sanggeus Pamanah-rasa dibaloer koe areng didjoeal ka oerang kapal, koe oerang kapal ditoekeurkeun kana kai ka Poetri Ambet-kasih poetra Bengawan.

Koe pangatik anoe tiloe disoesoel, nja kapanggih si Hideung keur djadi budjang.

Tah kitoe tjariosna, ieu ajeuna samboenganana.

Poetjoeng.

229. Katjatoerkeun Nini Koewoe enggeus tjoendoek,
diiring badega,
doea tjangkoeang hidji kate,
Njai Poetri bengong ningal noe tiloean,
230. Aja djalma anoe hidji gede loehoer,
satjaoe manggala,
boeloe panonna ngarimbjong,
halis tjeuli rambosbos boeloena pandjang.
231. Noe ka doea beuteungna njemplos boerajoet,
hoeloe harigoena,
djeg indjoek sakakab gomplok,
noe katiloe, kate pendek boele bodas.
232. Boedjang landjang sadaja ngarogrog koempoel,
aralohok heran,
saoemoer kakara nendjo,
djalma segoet djangkoeng gede kawas boeta.
233. Njai Poetri ngadawoeh barina imoet;
Oea noe tiloean,
Oepamana oea daek,
Matoeh bae di dieu reudjeung kaoela.
234. Dipasrahan patamanan koela oeroes,
kabeh saloearna,
boenderan djeung kebon-kebon,
malakmandar mangke kaala hasilna.
235. Njai Poetri ngalahir ka Nini Koewoe:
Tah Nini ajeuna,
Boedjang teh keur kaoela bae,
Rehna pantes pikeun pangasoeh kaoela.
236. Nini Koewoe tjong njembah bari pioendjoek,

167